Ayub 6
\it Ayub:\it* "Duka lara diri kuring, mun ditimbang ku taraju,
(6:1)
beurat alah batan keusik sapanjang basisir. Piraku henteu kama’lum, lamun kuring tadi kalepasan omong.
Awak katiir jamparing Allah Nu Maha Kawasa, peurahna nyaksrak saluar awak. Diri diambreg ku sagala pirentageun anu diatur ku Allah.
Kalde, ari keur ngagabres jukut tara hohoang, sapi, najan nyatuan jukut garing tara emoh-emohan.
Tapi cik, saha nu beuki kadaharan anu hambar teu diuyahan? Naon ngeunahna endog bobodasna wungkul?
Dahareun jiga kitu, kuring mah henteu hayang-hayang acan, didahar ge kalah ka sebel.
Ku naon atuh pamenta kuring ku Allah henteu dikabul? Ku naon atuh panyambat kuring henteu didangu?
Kahayang teh bek bae kuring ku Mantenna paehan.
Lamun bek mah ku Mantenna dipaehan, meureun emprak awahing ku atoh-atohna, keun bae nyerina mah moal dirasa. Da nyaho Allah mah suci, sagala timbalana-Na ku kuring hamo dilawan.
Naon nya tanaga nu matak kuring hirup bae teh? Keur naon dihirupan ge, ari euweuh arep-arepeunana deui mah?
Na diri kuring teh tina batu, awak kuring teh tina tambaga?
Kuring geus teu daya teu upaya, tapi ka saha nya menta tulung, ka ditu suwung ka dieu suwung.
Waktu keur sangsara kieu, boh ninggalkeun Allah, boh henteu, kuring teh butuh sobat sajati.
Ari heug aranjeun mah, anu majar nyobat, bet lain puntanganeun, jeg walungan keur katiga mani ngoletrak.
Jeg walungan anu katutup ku es jeung salju,
ari geus kapanasan bet ngadak-ngadak saat, dasarna mani ngoletrak.
Kapilah bati kokolopokan neangan cai, ubak-ubek di gurun keusik nepi ka paraeh pating golepak.
Kapilah ti Syeba reujeung ti Tema, gura-giru maruru eta walungan.
Ari datang les musna harepanana, nempo walungan garing ngoletrak.
Tah aranjeun ka kuring ge jeg walungan siga kitu, nenjo nasib kuring kieu teh ngajenghok sieun.
Na kuring bieu ka anjeun teh pepentaan? Atawa menta dipangnyogokkeun si Anu?
Atawa menta dibela sangkan rahayu, boh ti musuh, boh ti jalma anu telenges?
Pek, kuring papatahan, tuduhkeun naon kasalahanana, kuring rek cicing, rek ngaregepkeun.
Omongan anu ihlas mah matak sugema. Tapi eta anu keur diomongkeun ku anjeun teh omong kosong.
Omongan kuring ku anjeun dianggap angin, tapi ari kuring humandeuar bet ditempas!
Balikanan anjeun, ka budak pahatu ge tega ngalotrekeun nasibna ku ngalung dadu. Malah ka sobat dalit ge tega meres keneh bae, da hayang beunghar.
Bisi pajarkeun bohong, yeuh teuteup beungeut kuring.
Geus kacida ngalanturna omongan anjeun teh. Meujeuhna eureun tina micatur anu teu bener. Ari ieu bet kuring nu disalahkeun, padahal kuring nu bener.
Tapi kitu tea bae, ceuk pamikir anjeun mah keukeuh kuring nu teu bener, keukeuh nyangka yen kuring teu nyaho bener jeung salah.