:

Ayub 7

1

Hirup jalma lir prajurit nu dipaksa perang, lir kuli beurat ku gawe,

2

lir budak beulian hayang manggih keur ngiuhan, lir pagawe nunggu-nunggu buruhan.

3

Undur bulan cunduk bulan, diri samar menyat deui. Beurang deui peuting deui, bati peurih dina ati.

4

Ari geus dug arek hees, waktu teh asa ngarayap, lelembutan sapeupeuting kumalayang, hayang buru-buru isuk.

5

Awak digurumut ku bilatung, pinuh ku budug, kulit bareulah pinuh ku nanah.

6

Poe-poe kuring nyerelek tanpa harepan, nyerelekna leuwih gancang ti batan lepasna toropong tinun.

7

Duh Gusti Allah, umur abdi mung napas sarenghap, geus dikantun ku kabagjaan.

8

Ayeuna katingali ku Gusti, nanging moal lami engke mah mun ku Gusti dipilari, abdi teh parantos sirna.

9

Jalmi mah ibarat mega, beuki ipis beuki ipis, les bae ngiles, ana maot moal balik-balik deui, musna tina ingetan sobat-sobat kawawuhan.

10

(7:9)

11

Ku sabab eta kuring moal rek ngabetem, lantaran pinuh ku kajengkel hate, pinuh ku kapeurih ati, rek nyoara bae.

12

Na ku naon ku Gusti dugikeun ka diawas-awaskeun teuing? Mani sapertos ka mahluk sagara nu pikasieuneun bae!

13

Ku hayang tiasa reureuh bari ngahenen ngagoler, hayang aya ubar nu bisa ngurangan ieu kanyeri.

14

Ari ku Gusti kalah ka diudag-udag ku impian nu garoreng, dibebegigan ku titingalian pikasieuneun.

15

Langkung sae cekek bae atuh abdi teh, paehan sakalian, tinimbang hirup dikieu-kieu.

16

Abdi pasrah, parantos bosen hirup. Kantunkeun bae, da hirup ge taya hartosna.

17

Kangge naon manusa teh sakitu ditalingakeunana, Gusti? Kangge naon satincak-tincakna hantem bae diawaskeun?

18

Dilinglingan saban enjing, diuji satiap menit.

19

Teu pisan dibere minge, henteu kaur neureuy ciduh-ciduh acan.

20

Naha ngaraos rugi Juragan Sipir teh ku dosa abdi? Ku naon abdi dijieun bahan padamelan Gusti? Naha abdi teh kacida ngarepotkeunana ka Gusti?

21

Naha leres dosa abdi teh parantos teu pantes kenging hampura? Naha leres kalepatan abdi moal dipaparin ampun? Sakedap deui ge abdi teh bakal ngagoler dina liang kubur, pamohalan ku Gusti kapendak deui."

Link: