:

Ayub 8

1

\it Bildad:\it* "Anggeus meureun ayeuna mah, catur nu sakitu ngagelebugna teh!

2

(8:1)

3

Allah mah hamo nyimpang tina kaadilan, hamo salah ngalarapkeunana.

4

Nu dorakana ka Allah teh moal salah deui, anak, nya tangtu dihukum, satimpal jeung pamolahna.

5

Kari anjeun, matak naon lamun tobat, neda ampun ka Allah Nu Maha Kawasa.

6

Asal bener Ki Sobat jujur beresih, piraku Allah teu kersa mitulung. Rumah tangga Ki Sobat tangtu dipulihkeun deui, minangka ganjaranana.

7

Harta banda nu geus musna kaitung taya hartina, lamun dibanding jeung nu engke, nu baris dipaparinkeun deui ku Allah.

8

Coba nyoreang heula ka anu barijaksana baheula, kana benerna pamanggih karuhun urang.

9

Hirup urang keur mah pondok, turug-turug urangna ge henteu terang naon-naon, urang teh jeg kalangkang dina beungeut taneuh.

10

Tapi tengetkeun ieu piwulang jalma-jalma bijaksana jaman baheula, regepkeun ieu nu rek dikedalkeunana,

11

‘Jukut walini piraku jadi, saupama taya cai, da anu kitu mah moal hirup lamun lain di nu ledok.

12

Ana cai enggeus garing, eta nu pangheulana perang, ngora-ngora keneh ge geus paeh, henteu kaburu diala.

13

Jalma-jalma anu teu baroga Allah ge kitu, cara jukut walini tea, moal teuing kana menyat deui, dumeh mopohokeun ka Allah.

14

Hirupna teh, lir nu nyukang dina benang, nete kana ramat lancah.

15

Naon kakuatanana ramat, na bisa disarandean? Naon kakuatanana benang, naha beunang dipuntangan?’

16

Hirupna jelema jahat, lir areuy salaleger kasorot ku panonpoe, mani nyayang nyaliara sabudeur kebon,

17

akarna ngaranggeum batu, pageuh nyangkerem kana batu cadas.

18

Tapi lamun geus dicabut, geus hamo kaciri urut-urutna acan.

19

Ngan semet kitu kajayaan jelema jahat mah, terus musna, urutna diandih ku nu lian.

20

Allah mah hamo nilarkeun jelema anu satuhu, hamo nulung ka jelema anu jahat.

21

Ki Sobat ge tangtu ku Mantenna dijungjung deui, bisa seuri deui, bisa surak deui.

22

Balikanan anu ngewa ka Ki Sobat, tinangtu nandang wiwirang. Pangancikan jalma jahat mah tinangtu musna."

Link: