Bilangan 16
Aya hiji jelema urang Lewi kaom Kahat, ngaranna Korah bin Yishar. Eta jelema geus nangtang ka Musa. Aya baturna tiluan ti kaom Rubin, ngaranna Datan, jeung Abiram, duanana anak Eliab, anu saurang deui ngaranna On bin Pelet, dipiluan ku dua ratus lima puluh urang Israil anu aya kasebutna lantaran kabehanana pamingpin pilihan rahayat.
(16:1)
Ngaronom ka Musa jeung Harun sarta nangtang kieu, "Andika geus kaleuleuwihi! Bangsa Israil teh kagungan PANGERAN. Anu disarengan ku PANGERAN teh urang, kabeh. Jadi naon leuwihna andika, he Musa, make munjulkeun maneh ti sapakumpulan umat PANGERAN?"
Bareng Musa ngadangu kitu, bruk sujud kana taneuh tuluy neneda.
Geus kitu ngalahir ka Korah sabatur-batur, "Isukan isuk-isuk PANGERAN anu bakal mutus mana nu jadi kagungana-Na, mana anu wenang ngadeuheus ka Mantenna, anu dimeunangkeun deukeut ka Mantenna kana altar.
Isukan isuk-isuk arandika kudu mawa parukuyan meunang ngaruhakan jeung dupana, teundeuneun kana altar. Urang cirikeun saha antara urang anu saenyana dipilih ku PANGERAN. Arandika anu kaleuleuwihi, he urang Lewi!"
(16:6)
Musa terus keneh ngalahirna ka Korah, "He urang Lewi, regepkeun!
Arandika teh ku Allahna Israil geus dipilih ti antara sakabeh urang Israil, nepi ka meunang deukeut ka Mantenna, meunang digarawe di Kemah PANGERAN, meunang ngatur jeung nguruskeun kapentingan sakumna urang Israil. Ceuk pangira arandika, na eta teh perkara leutik?
Arandika, kitu deui urang Lewi sakumna, ku PANGERAN dipaparin harkat sakitu masih harayang leuwih, harayang jadi imam!
Arandika jeung sakur anu bariluk gegelendeng ka Harun teh saenyana mah gegelendeng jeung nangtang ka PANGERAN."
Musa miwarang ngala Datan jeung Abiram. Tapi jawabna, "Moal, moal nemonan!
Karah kurang puas keneh ngabudalkeun kaula kabeh ti Mesir, ti tanah anu medah-meduh, ngarah kaula kabeh paraeh di tanah gurun? Arek ngangkat maneh ongkoh jadi juragan kaula sakabeh?
Geus tetela andika lain mawa ka tanah anu gemah ripah, lain mere lahan-lahan atawa kebon-kebon anggur. Masih keneh arek ngabobodo. Moal, moal nemonan!"
Musa kasebit manahna tuluy unjukan ka PANGERAN, "Mugi kurban maranehna engke ulah aya anu ditampi. Abdi ka maranehna teh teu acan ngarugelkeun, teu acan kantos ngabantun kalde-kaldena acan."
Geus kitu anjeunna sasauran deui ka Korah, "Isukan isuk-isuk andika jeung anu dua ratus lima puluh urang anu bariluk, kudu ka Kemah PANGERAN. Harun oge tangtu aya.
Masing-masing kudu mawa parukuyan didupaan, teundeun kana altar."
Isukna maranehna daratang marawa parukuyan meunang ngaruhakan jeung dupana, tuluy narangtung hareupeun lawang Kemah PANGERAN jeung Musa jeung Harun.
Korah ngumpulkeun jelema sapakumpulan sina narangtung nyanghareup ka Musa jeung Harun di hareupeun lawang Kemah. Bray cahaya kamulyaan PANGERAN ngagebray nembongan ka sakabeh.
PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun,
"Maraneh kudu nyingkir ti eta jelema-jelema. Maranehna ku Kami arek dibasmi ayeuna keneh."
Tapi Musa jeung Harun bruk sarujud sarta arunjukan, "Nun Allah, Gusti teh sumber hirupna saniskara. Anu lepat mung saurang, naha bendu ka sadayana?"
Timbalan PANGERAN ka Musa,
"Jalma loba titah nyalingkir ti kemah Korah, Datan jeung Abiram."
Bral Musa angkat ka kemah Datan jeung Abiram diiring ku para pamingpin,
tuluy miwarang ka jalma loba, "Maraneh nyaringkah kabeh ti kemah ieu jelema-jelema doraka. Kade ulah aya barang-barangna anu kacabak, bisi maraneh milu tumpes kabawa ku dosa maranehna."
Jalma-jalma nyaringkah ti kemah Korah, Datan jeung Abiram. Geus kitu Datan jeung Abiram kaluar jeung saanak-majikanana masing-masing, ngajaranteng di lawang kemahna.
Musa ngalahir ka jalma rea, "Tarenjokeun, sangkan kanyahoan yen sagala anu dijalankeun ku bapa teh ku karana timbalan PANGERAN, lain karep sorangan.
Lamun eta jelema-jelema paehna paeh sabiasa lain ku karana hukuman ti Allah, eta tandana bapa lain piwarangan PANGERAN.
Sabalikna upama PANGERAN midamel hal anu tacan kungsi kadenge sarta taneuh beulah ngalegleg maranehna katut sagala pangabogana, nepi ka maranehna hirup-hirup keneh tarurun ka enggon anu paraeh, tetela eta jelema-jelema teh geus murtad ti PANGERAN."
Tutup anjeunna sasauran, bray bae taneuh anu ditincak ku Datan jeung Abiram ujug-ujug beulah ngewag,
ngalegleg ka maranehna sakulawargana, katut Korah jeung sakur anu bariluk ka manehna katut sagala pangabogana.
Kabeh diteureuy hirup-hirup ku taneuh, tarurun ka enggon anu paraeh jeung sagala pangabogana. Geus kitu taneuh anu beulah teh liput deui, anu dileglegna lep les taya anu tembong deui.
Sakur nu aya di dinya barang ngadarenge tingjareritna jelema-jelema anu dilegleg ku taneuh, tingbalecir lalumpatan bari gogorowokan, "Nyingkir! Bisi milu kakubur!"
Sanggeus kitu gur deui aya seuneu ti PANGERAN, ngahuru jelema-jelema anu dua ratus lima puluh urang, anu tas nyaranggakeun kukus tea.
Ti dinya PANGERAN ngandika ka Musa,
"Parukuyan-parukuyan tambaga anu dibarawa ku jelema-jelema anu dihuru teh sina dicokot ku Elasar anak Imam Harun. Arengna awur-awur ka mana-mana. Eta parukuyan-parukuyan teh suci,
sabab geus ditareundeun kana altar PANGERAN. Jadi cokotan eta parukuyan-parukuyan teh ti maranehna anu dihukum paeh ku karana dosa-dosana, tuluy pekprekan gepeng-gepengkeun, pake ngalapis altar, sina jadi paringetan ka urang Israil."
Seug parukuyan-parukuyan teh ku Imam Elasar dicandak, tuluy miwarang jelema supaya eta dipekprekan digepeng-gepengkeun aripis dipake ngalapis altar.
Eta teh pikeun jadi paringetan ka urang Israil, yen anu lain turunan Harun mah lamun ngukus ka PANGERAN teu meunang aya anu datang sorangan kana altar, sabab tangtu tiwas cara Korah sabatur-batur. Sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa pikeun Elasar geus dijalankeun.
Poe isukna sakumna bangsa Israil nyaralahkeun ka Musa jeung Harun, pokna, "Bapa parantos ngabinasa umat PANGERAN."
Sanggeus nyaralahkeun ka Musa jeung Harun, bring arindit ka Kemah Suci. Beh eta Kemah teh kasampak geus katutup ku mega sarta cahaya PANGERAN tembong ngagebray.
Jol Musa jeung Harun ka dinya sarta ngaradeg payuneun eta Kemah.
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa,
"Maraneh kudu nyingkir ti eta jelema-jelema. Maranehna ku Kami rek dibasmi di dinya keneh!" Bruk aranjeunna sarujud kana taneuh.
Ti dinya Musa ngalahir ka Harun, "Candak parukuyan, ruhakan sareng teundeunan dupa. Enggal itu jalmi-jalmi pangukuskeun, pangnyirnakeun dosana. Enggal! PANGERAN parantos meh bedah bendu-Na, sakedap deui ge narajangkeun pagebug."
Geuwat Harun nyandak parukuyan tuluy rurusuhan muru ka jalma-jalma anu keur ngagimbung. Ana breh teh pagebug geus mimiti nerekab. Teu talangke deui, sok dupa kana ruhak parukuyan, bul ngukus nyirnakeun dosa maranehna.
Rep pagebug teh eureun, Harun ngajanteng di antara anu geus tariwas jeung anu harirup keneh.
Anu paraeh harita wungkul aya 14.700 urang, jaba anu geus paraeh ku karana kadorakaan Korah.
Sapepesna eta pagebug, Harun nyampeurkeun ka Musa di lawang Kemah Suci.