:

Bilangan 17

1

PANGERAN ngandika ka Musa,

2

"Urang Israil pentaan iteuk dua welas siki, hiji iteuk ti unggal pamingpin kaom masing-masing. Ngaran anu bogana tuliskeun dina iteukna.

3

Ngaran Harun tulis dina iteuk wakil urang Lewi. Jadi hiji iteuk ti saban pamingpin kaom.

4

Bawa ka Kemah Kami, teundeun hareupeun Peti Perjangjian paranti Kami mayunan maneh.

5

Jelema anu ku Kami kapilih, iteukna bakal sirungan. Hal ieu ku Kami rek dipake jalan ngeureunkeun gegelendengna urang Israil, ulah sina ngaralawan bae ka maneh."

6

Musa mundutan ka urang Israil hiji iteuk ti unggal pamingpin kaom, jumlah dua welas iteuk. Iteuk Harun dicampurkeun ka dinya.

7

Ku Musa tuluy diteundeun di Kemah Suci hareupeun Peti Perjangjian.

8

Poe isukna sasumpingna ka Kemah, katingali iteuk Harun anu ngawakilan urang Lewi teh sirungan, pucukan, kembangan, malah buahan geus arasak, kanari!

9

Ku Musa ditembongkeun kabeh ka urang Israil. Sanggeus katarenjoeun kitu kajadianana, iteuk teh dicarokot deui ku nu bogana masing-masing.

10

Ti dinya PANGERAN ngandika ka Musa, "Iteuk Harun teundeun deui hareupeun Peti Perjangjian, pikeun jadi peringetan ka jelema-jelema anu daroraka yen teu meunang gegelendeng deui bisi tariwas."

11

Eta timbalan PANGERAN ku Musa dijalankeun.

12

Ti dinya urang Israil arunjukan ka Musa, "Upami kitu mah tiwas atuh abdi-abdi teh!

13

Asal deukeut-deukeut ka Kemah Suci, saha bae oge moal teu tiwas. Sami bae sareng parantos tiwas ieu mah!"

Link: