Bilangan 18
Ti dinya PANGERAN ngandika ka Harun, "Satiap kasalahan pagawean di Kemah Kami, maneh jeung anak-anak maneh katut kabeh urang Lewi anu kudu narima balukarna. Tapi anu kudu nanggung balukar tina hal-hal anu tumali jeung kaimaman mah ngan maneh jeung anak-anak maneh bae.
Baraya-baraya maneh urang Lewi bawa ka dieu, sina digarawe babantu ka maneh sabot maneh nekanan kawajiban di Kemah Suci.
Maranehna kudu ngalakonan kawajibanana ka maneh jeung ngajalankeun tugasna di jero Kemah Kami. Tapi pacuan cubuk-cabak kana paparabotan suci nu aya di Kamar Suci atawa nyabak altar. Lamun nyabak, boh maranehna boh maneh, tan wande tiwas.
Sina digarawe jeung maneh sagala pigaweeun di ieu Kemah. Tapi anu saratna teu cumpon mah teu meunang.
Kamar Suci jeung altar ngan maneh jeung anak maneh anu wenang ngurus, ulah nepi ka urang Israil kasiksa deui ku Kami.
Ari baraya-baraya maneh, Kami pribadi anu milihna ti urang Israil, ku Kami dipasrahkeun ka maneh. Kabeh geus diabdikeun ka Kami, jadi meunang gawe di ieu Kemah.
Tapi anu meunang mangku kaimaman pikeun ngajalankeun hal-hal anu tumali jeung altar jeung Kamar Pangsucina mah ngan maneh jeung anak-anak maneh wungkul. Maneh wungkul anu tanggung jawabna, sabab ngan maneh anu ku Kami dibere harkat imam. Jelema anu henteu nyumponan saratna mun deukeut-deukeut kana paparabotan suci bakal tiwas."
PANGERAN ngandika deui ka Harun, "Ingetkeun, Kami geus mere keur pibagianeun maneh tina kurban-kurban anu henteu dibeuleum, anu dijieun pikeun Kami. Kop eta bagian keur maneh jeung keur turunan maneh. Kitu salawasna.
Pibagianeun maneh tina kurban-kurban pangsucina anu henteu dibeuleum dina altar nya eta: tiap kurban kadaharan, kurban dosa, jeung kurban kasalahan. Sagala rupa kurban suci anu disanggakeun ka Kami, eta keur maneh jeung anak maneh.
Didaharna kudu di tempat suci, sabab sipatna suci. Anu meunang ngadahar ngan lalaki.
Jaba ti eta satiap pangbakti urang Israil pikeun Kami, eta oge keur maneh, keur anak-anak maneh lalaki, awewe. Kitu salawasna. Satiap kulawarga maneh anu setra meunang ngadahar.
Hasil tanah anu dialana pangheulana, anu unggal-unggal taun ku urang Israil dihaturkeun ka Kami: minyak jetun, anggur, jeung gandum,
eta oge keur maneh kabeh. Satiap anggota kulawarga maneh anu setra meunang ngadahar.
Sagala rupa di Israil anu geus dibaktikeun ka Kami tanpa sarat, eta oge keur maneh.
Sakur anak cikal, boh budak boh sato anu ku urang Israil dibaktikeun ka Kami, eta keur maneh. Ngan ari budak mah ku maneh kudu ditebus heula, kitu deui cikal sato nu haram kudu ditebus heula.
Budak ditebusna di mana geus umur sabulan. Gedena tebusan ditangtukeun lima gebleg uang perak nurutkeun harga patokan di Kemah Kami.
Cikal sapi, domba, jeung embe, teu meunang ditebus, sabab mutlak pikeun Kami, kurbankeuneun. Getihna kudu disiramkeun kana altar, gajihna kudu dibeuleum dijieun kurban kadaharan, anu seungitna matak sedep ka Kami.
Dagingna keur maneh, sakumaha dada jeung pingping katuhuna anu dijieun sasajen.
Sagala rupa pangbakti urang Israil ka Kami, ku Kami geus diajangkeun pikeun maneh, pikeun anak-anak maneh lalaki, awewe. Kitu salawasna. Ieu jadi hiji katangtuan anu langgeng ti Kami pikeun maneh turun-tumurun."
PANGERAN ngandika deui ka Harun, "Maneh teu meunang ngabogaan pusaka, sarta di satanah Israil maneh teu meunang boga tanah milik. Hak milik jeung pibagianeun maneh mah ieu Kami, PANGERAN."
PANGERAN ngandika deui, "Ari pibagianeun urang Lewi ku Kami diajangan jakat perpuluhan anu ku urang Israil dibaktikeun ka Kami. Eta bagian jadi bayaran tina pagaweanana di Kemah Kami,
da urang Israil anu lianna mah geus teu diidinan deukeut-deukeut acan ka Kemah Suci, sabab geus tangtu bakal tiwas keuna ku hukuman.
Jadi ti semet ayeuna anu meunang digarawe ngurus eta Kemah ngan urang Lewi bae. Eta tetep kudu kitu, jadi pikukuh langgeng pikeun maneh turun-tumurun. Di satanah Israil, urang Lewi teu meunang ngabogaan pusaka.
Sabab bagian pimilikeun maranehna mah nya eta jakat perpuluhan anu ku urang Israil dihaturkeun ka Kami. Eta sababna maranehna ku Kami geus dibejaan yen teu meunang baroga hak milik di Israil."
PANGERAN ngandika ka Musa,
pikeun urang Lewi, "Satiap maraneh narima perpuluhan ti urang Israil anu ku PANGERAN geus diajangkeun pikeun maraneh, saperpuluhna ku maraneh kudu disanggakeun ka PANGERAN.
Eta pangbakti maraneh dianggap sarua jeung ngabaktikeun gandum jeung anggur cikal hasil lahan.
Eta sababna sakabeh hasil perpuluhan ti urang Israil pikeun PANGERAN anu katarima ku maraneh, saperpuluhna tina eta ku maraneh kudu dibaktikeun. Eta pangbakti maraneh kudu diserenkeun ka Imam Harun.
Anu dibaktikeun teh kudu anu pangalusna.
Lamun anu pangalusna geus dibaktikeun, pek sesana keur maraneh, sakumaha halna patani nyokot bagian ajangna sanggeus pangbaktina disanggakeun.
Maraneh kitu deui kulawarga meunang ngadahar sesana di mana bae, sabab eta teh upah maraneh digarawe di Kemah Suci.
Maraneh moal matak salah ngadalahar eta bagian, asal anu pangalusna geus dibaktikeun ka PANGERAN. Pacuan maraneh nganajisan pangbakti-pangbakti suci ti urang Israil. Tegesna, pacuan maraneh ngadahar eta pangbakti-pangbakti samemeh anu pangalusna dibaktikeun ka PANGERAN. Lamun eta dilanggar, maraneh tangtu tiwas."