Bilangan 31
PANGERAN ngandika ka Musa,
"Bales bangsa Midian, lantaran tina kalakuanana ka Israil. Sanggeus perang beres, maneh ku Kami bakal dipundut."
Seug Musa marentah ka urang Israil, "Geura darangdan, perangan urang Midian, ngabales kalakuanana ka PANGERAN.
Tiap kaom kudu nginditkeun sarebu prajurit."
Dua welas rebu prajurit geus sadia perang, ti saban kaom sarebu prajurit.
Ku Musa terus diinditkeun, dipingpin ku Pinehas putra Imam Elasar anu nyikep pakakas suci jeung tarompet-tarompet pikeun mere tangara.
Der Midian ditarajang sakumaha timbalan PANGERAN, lalakina kabeh dipaehan,
kaasup lima urang raja Midian: Ewi, Rekem, Sur, Hur, jeung Reba. Anak lalaki Balhum bin Beor oge dipaehan.
Awewe-awewe jeung barudak diboyong, ingon-ingon sapi, domba jeung sagala harta bandana ku urang Israil dijarah,
kota-kota jeung kampung-kampungna dihuru.
Barang-barang jarahan, para boyongan jeung ingon-ingonna dibawa balik,
sanggakeuneun ka Musa, Elasar jeung sakumna bangsa Israil anu keur masanggrahan di hiji tanah lempar di Moab peuntaseun Walungan Yordan deukeut kota Yeriho.
Musa, Elasar, jeung para kapala lianna kaluar ti pasanggrahan mapag balad anu mulang.
Tapi perwira-perwirana, para pamingpin pasukan jeung para pamingpin prajurit ku Musa diseuseul,
saurna, "Ku naon eta awewe-awewe teh diharirupan?
Kapan maranehna anu geus nyasabkeun urang di Peor teh ku tarekahna Balhum, nepi ka bangsa urang murtad ti PANGERAN, balukarna umat PANGERAN cilaka ku balahi.
Ku sabab kitu, barudak lalaki jeung awewe-awewe anu geus disorang ku lalaki paehan kabeh!
Barudak awewe jeung parawan-parawanna hirupan ajang maraneh.
Ayeuna sakur anu tas maehan atawa tas antel kana mayit, saheulaanan kudu tetep di luar pasanggrahan, tujuh poe lilana. Mun geus tilu poe jeung dina katujuh poena kudu susuci. Awewe-awewe boyongan oge kudu disucikeun heula.
Jaba ti susuci awak, papakean jeung barang-barang tina kulit, tina bulu embe atawa tina kai kudu disucikeun."
Ti dinya Elasar sasauran ka para prajurit, "Kieu pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka Bapa Musa:
Sakabeh barang anu tahan ku seuneu kayaning emas, perak, parunggu, beusi, timah bodas jeung timah hideung, kudu disucikeun, nya eta dideangkeun kana seuneu. Sagala barang kudu disucikeun ku cai upacara paranti nyucikeun.
(31:22)
Dina poe katujuhna kudu nyareuseuh pakean. Geus kitu kakara maraneh saletra deui sarta meunang arasup ka pasanggrahan."
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
"Barang-barang jarahan, kaasup oge para boyongan jeung sasatoanana, itung ku maneh jeung Elasar jeung para kapala lianna.
Tuluy bagi dua, sagalana sing sarua. Nu sabagian bikeun ka para prajurit, sabagian deui bikeun ka jalma rea.
Anu para prajurit kudu dicuke haturkeuneun ka PANGERAN, tina tiap lima ratus jelema boyongan cokot saurang. Kitu keneh halna ngeunaan sapi, kalde, domba, jeung embe.
Serenkeun ka Imam Elasar keur pangbakti husus ka PANGERAN.
Cuke tina bagian jalma rea, tiap lima puluh jalma boyongan cokot saurang. Kitu keneh halna ngeunaan sapi, kalde, domba jeung embe. Serenkeun ka urang Lewi anu digarawe di Kemah PANGERAN."
Sagala timbalan PANGERAN ku Musa jeung Elasar dijalankeun.
Ieu daptar jarahan para prajurit, kajaba ti anu jadi bagianana sorangan: 675.000 domba jeung embe, 72.000 sapi, 61.000 kalde, 32.000 parawan.
(31:32)
(31:32)
(31:32)
Sanggeus dibagi dua bagian, bagian para prajurit nya eta 337.500 domba jeung embe, dicokot 675 pikeun haturkeuneun ka PANGERAN; 36.000 sapi anu prajurit dicokot 72 keur pangbakti husus ka PANGERAN; 30.500 kalde anu prajurit dicokot 61 keur pangbakti husus ka PANGERAN, jeung 16.000 parawan anu prajurit dicokot 32 urang keur pangbakti husus ka PANGERAN.
(31:36)
(31:36)
(31:36)
(31:36)
Eta pangbakti husus ku Musa diserenkeun ka Imam Elasar supaya disanggakeun ka PANGERAN sakumaha timbalan Mantenna.
Bagian jalma rea oge lobana sarua jeung bagian para prajurit: 337.500 domba jeung embe, 36.000 sapi, 30.500 kalde, jeung 16.000 parawan.
(31:42)
(31:42)
(31:42)
(31:42)
Tina tiap 50 urang jalma boyongan ku Musa dicandak saurang, kitu keneh halna ngeunaan sasatoan, sarta sakumaha timbalan PANGERAN ku anjeunna diserenkeun ka urang Lewi anu digarawe di Kemah PANGERAN.
Geus kitu para perwira anu mingpin para prajurit ngadareuheus ka Musa,
nyanggakeun laporan, "Bapa, para prajurit cangkingan abdi sadaya parantos dietang, berekah hiji ge teu aya nu kasambut.
Ku margi kitu ieu abdi-abdi masing-masing nyanggakeun perhiasan-perhiasan tina emas, rupi kilat bahu, pinggel, lelepen, anting sareng kangkalung. Seja kasanggakeun ka pangersa PANGERAN, tawis tumarima rehing Mantenna parantos nangtayungan nyawa abdi-abdi, dugi ka sadayana wilujeng teu sawios-wios."
Eta emas anu geus jadi perhiasan-perhiasan ku Musa jeung Elasar ditampi.
Tuluy dibilang, beuratna meh 200 kilogram.
Ari nu lain perwira mah beubeunanganana teh ngan keur masing-masing dirina bae.
Barang-barang anu disanggakeun ku para perwira ku Musa jeung Elasar dicandak ka Kemah Suci, supaya PANGERAN kersa ngaraksa ka urang Israil.