Budalan 10
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Tepungan raja. Eta raja sapara mantrina ku Kami rek disina neugtreug, sabab Kami rek nembongkeun mujijat ka maranehna,
jeung supaya maneh boga caritakeuneun ka anak incu hal petaning Kami ngagejulkeun urang Mesir ku mujijat-mujijat. Sangkan maraneh nyaho yen Kami teh PANGERAN."
Musa jeung Harun marek ka raja tuluy miunjuk, "Kieu timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ‘Maneh teh rek keukeuh embung tunduk ka Kami? Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.
Lamun keukeuh henteu nurut, isukan nagara maneh ku Kami rek ditarajang ku simeut,
mangpirang-pirang lobana datang ka beungeut taneuh katutup. Anu henteu diruksak ku hujan es bakal diruksak ku simeut disaregetan, tatangkalan oge moal disesakeun.
Karaton maneh, imah-imah para mantri, imah-imah rahayat, kabeh bakal pinuh ku simeut, anu ngagalaksakna leuwih-leuwih ti batan simeut keur jaman karuhun maneh.’" Geus kitu Musa malik tuluy angkat.
Para mantri arunjukan ka raja, "Bade diantep bae eta jalmi nyesahkeun ka urang? Urang Israil sae diwidian ariang ngabakti ka PANGERAN Allahna. Na teu katingali Mesir jadi sakieu reksakna?"
Musa jeung Harun diudag dibawa marek deui ka raja. Saur raja ka aranjeunna, "Jig geura ariang ngabakti ka PANGERAN Allah maraneh. Tapi saha anu rek ka daritu teh?"
Waler Musa, "Sadayana, bade mios katut barudak sareng anu parantos karolot. Kitu deui anak-anakna nu lalaki nu awewe, domba, embe sareng sapi. Margi sadayana kedah ngurban ngamulyakeun ka PANGERAN."
Timbalan raja, "Demi PANGERAN, kami sumpah moal ngidinan awewe jeung barudak dibawa! Tetela maneh boga maksud teu uni ana kitu mah.
Teu! Lamun enya ka daritu teh rek ngabakti ka PANGERAN, meunang, tapi lalaki bae wungkul." Geus kitu Musa jeung Harun ditundung ti payuneun raja.
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Ungkulkeun leungeun ka tanah Mesir pikeun ngadatangkeun simeut tea, sina ambreg nyaregetan sarupaning tutuwuhan anu henteu diruksak ku hujan es."
Musa ngungkulkeun iteukna, hiuk PANGERAN ngadatangkeun angin ti wetan ka sakuliah tanah, ngagelebug sapoe eta teu eureun-eureun, terus nepi ka sapeuting jeput. Ari bray isuk eta angin teh mawa simeut
kaliwat saking lobana, ambreg ka sakuliah nagara. Ti baheula kakara harita aya simeut sakitu lobana, tur ka hareupna oge moal aya deui anu siga kitu.
Beungeut taneuh saluluar datang ka liput katutup ku simeut, warnana datang ka belewuk. Sagala rupa anu disesakeun ku hujan es tea beak digalaksak, bubuahan katut ka tangkal-tangkalna. Tatangkalan jeung tutuwuhan di sakuliah tanah Mesir datang ka boleklak geus teu aya anu hejo-hejo deui.
Raja rurusuhan nyaur Musa jeung Harun sarta timbalanana, "Aing tarima dosa ka PANGERAN Allah maraneh, jeung dosa ka maneh ongkoh.
Sakali ieu mah aing menta ampun, jeung pangnedakeun ka PANGERAN Allah maraneh, ieu siksaan ka aing anu sakieu bangetna teh eureunkeun."
Musa undur ti raja, tuluy neneda ka PANGERAN.
Seug angin ti wetan teh ku PANGERAN dirobah jadi angin ti kulon, rongkah kacida. Saayana simeut kakeduk terus digebruskeun ka laut di Teluk Sues. Simeut di satanah Mesir beak taya anu nyesa.
Tapi raja ku PANGERAN disina neugtreug, teu ngidinan urang Israil iang.
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Jungjungkeun leungeun ka langit, sakuliah tanah Mesir bakal jadi poek mongkleng."
Musa ngajungjungkeun pananganana ka langit, reup sakuliah Mesir poek mani ngajumbleng, lilana nepi ka tilu poe.
Urang Mesir teu barisaeun patenjo pada batur, sarta sajeroning kitu taya anu kaluar ti imah. Ari di pilemburan urang Israil mah biasa bae caang.
Raja nyaur Musa, timbalanana, "Geura arindit ngabakti ka PANGERAN. Awewe jeung barudak ge meunang dibawa. Tapi ingon-ingon, domba, embe, sapi, tinggalkeun."
Waler Musa, "Kedahna mah malah gamparan ngabahanan sato keur kurban sareng keur kurban beuleuman kangge PANGERAN Allah kaula.
Pipiaraan bade dibantun, saceker ge moal aya anu dikantun. Sarengna deui anu bade dikurbankeun ka PANGERAN Allah kaula teh satona kedah ditangtoskeun heula. Sateuacanna dongkap ka ditu mah kaula tacan terang naon satona anu kedah disanggakeun ka Mantenna teh."
Manah raja ku PANGERAN disina neugtreug, keukeuh henteu ngidinan.
Lahirna ka Musa, "Geura jor mantog ti dieu! Sing ulah kadeuleu-deuleu deui ku kami. Lamun kadeuleu deui ku aing dipaehan!"
Waler Musa, "Cocog! Anjeun memang moal kungsi nenjo deui ka kaula!"