Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Kari sarupa deui siksaan anu ku Kami rek dikeunakeun ka raja sarahayatna. Geus kitu manehna bakal ngidinan iang, malah maksa sangkan maraneh kabeh budal ti ieu nagara.
2
Bejakeun hal ieu ka kabeh bangsa Israil. Jeung bejakeun deui, engke urang Israil kudu barang penta ka tatanggana urang Mesir barang-barang perhiasan emas jeung perak."
3
Geus kitu urang Mesir ku PANGERAN dikersakeun halormat ka urang Israil. Ari Musa dianggapna ku para mantri jeung ku rahayat Mesir teh jelema anu kacida punjulna.
4
Ti dinya Musa miunjuk ka raja, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Engke kira-kira tengah peuting, Kami rek ngider ka sakuliah Mesir.
5
Tuluy sakabeh anak cikal urang Mesir anu lalaki bakal paraeh, ti cikal anak raja anu digadangkeun naek tahta, nepi ka cikal anak jariah purah ngagiling, kitu deui sakabeh cikal sasatoan.
6
Sakuliah Mesir bakal pinuh ku sora anu aluk-alukan. Kajadian sarupa kitu ti bareto tacan aya, ka hareupna ge moal aya deui.
7
Sabalikna di Israil mah bakal jempe-jempe bae moal aya sora anjing-anjing acan, pipiaraanana moal disarada. Engke kanyahoan ku maneh yen Kami PANGERAN, ngabedakeun antara urang Mesir jeung urang Israil.’"
8
Musa nutup piunjukna kieu, "Kabeh mantri-mantri anjeun engke bakal tingsampoyong ka kaula, menta-menta sangkan sakumna bangsa kaula ku kaula dibawa kaluar ti ieu nagara. Sanggeus kitu tangtu kaula indit." Tuluy Musa undur ngantunkeun raja, kacida benduna.
9
PANGERAN geus nimbalan ka Musa, "Eta raja bakal tetep ngaberung, moal ngagugu ka maneh, sangkan Kami ngayakeun deui mujijat di Mesir."
10
Musa jeung Harun geus nembongkeun rupa-rupa kaahengan ka raja, tapi manah raja ku PANGERAN diheuraskeun, teu ngidinan urang Israil ninggalkeun nagarana.