:

Budalan 9

1

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Tepungan deui raja. Kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ‘Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.

2

Lamun maneh deui-deui teu ngidinan,

3

maneh tangtu dihukum, ingon-ingon maneh, kuda, kalde, onta, sapi, domba, embe, bakal digebug ku sasalad.

4

Kami rek ngabedakeun ingon-ingon urang Israil ti ingon-ingon urang Mesir. Ingon-ingon urang Israil hiji ge moal aya anu paeh.

5

Kami PANGERAN, tangtu ngabuktikeun hal eta isukan.’"

6

Poe isukna PANGERAN midamel kitu. Ingon-ingon urang Mesir kabeh gempar paraeh, sabalikna ingon-ingon urang Israil mah taya nu paeh hiji-hiji acan.

7

Raja mariksakeun eta kajadian, seug diunjukkeun yen ingon-ingon urang Israil teu aya nu paeh. Tapi anjeunna keukeuh henteu ngidinan urang Israil iang.

8

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun, "Maraneh kudu ngarawu lebu sacanggeum ti pameuleuman. Awurkeun ku Musa ka awang-awang hareupeun raja.

9

Eta lebu bakal terus nyebar ka sakuliah tanah Mesir, di mana-mana bakal nyebarkeun kasakit bisul sarta barucat, tumerap ka jelema jeung ka sasatoan."

10

Prak aranjeunna ngarawu lebu terus dicandak ka raja, tuluy ku Musa diawurkeun ka awang-awang. Jalma-jalma jeung sasatoan katerap ku kasakit bisul saluar awak, barucat.

11

Tukang-tukang sihir teu karuateun nagenan Musa, sabab maranehna oge katerap ku eta kasakit, teu beda ti urang Mesir sejenna.

12

Tapi manah raja ku PANGERAN diheuraskeun, sakumaha anu geus diandikakeun ku Mantenna yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.

13

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Isukan isuk-isuk pisan tepungan raja. Bejakeun kieu kituh timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ‘Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.

14

Sakali ieu anu rek disiksa lain ngan mantri-mantri jeung rahayat maneh bae, maneh pribadi ge ku Kami tangtu disiksa, sangkan nyaho yen di saalam dunya euweuh nu saperti Kami.

15

Upama Kami geus ngangkat leungeun ngagebug maneh jeung rahayat maneh ku hiji kasakit, maneh tangtu tumpur lebur.

16

Tapi maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.

17

Parandene maneh mo weleh adigung, moal ngidinan umat Kami iang.

18

Tenjokeun, isukan wayah kieu Kami rek nurunkeun hujan es anu kacida hebatna. Dina sapanjang sajarah Mesir, balahi kawas kitu kakara ayeuna bakal aya.

19

Pek ayeuna parentahkeun sangkan ingon-ingon maneh jeung naon bae anu keur dikencarkeun di tegalan, kandangkeun. Sabab naon bae anu araya di nu muka, jelema, sasatoan, tangtu paraeh katinggang ku hujan es.’"

20

Sawatara mantri raja sarieuneun ku eta timbalan PANGERAN, tuluy pahibut ngampih-ngampihkeun badega-badegana jeung ingon-ingonna.

21

Tapi anu salianna mah teu malire kana eta timbalan teh, abid-abid jeung ingon-ingonna diarantep di luar.

22

Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, "Acungkeun leungeun maneh ka langit, engke turun hujan es ka sakuliah tanah Mesir, ninggang ka jelema, ka sasatoan, kana pepelakan."

23

Musa ngacungkeun iteukna ka awang-awang, breg PANGERAN nurunkeun hujan es dibarung ku guludug nyamberan bumi. PANGERAN nurunkeun

24

hujan es kacida hebatna reujeung kilat tingsalamber. Ti baheula kakara harita Mesir katarajang hujan sakitu ributna.

25

Sakuliah Mesir, sakur anu di laluar mah burak-barik, jelema-jelema jeung sasatoan tariwas. Pepelakan rarebah, tatangkalan rarungkad, ruksak beak diamuk ku hujan es.

26

Hiji-hijina tempat anu henteu kadatangan ku eta hujan es ngan Gosen, tempat urang Israil.

27

Raja nyaur Musa jeung Harun, timbalana, "Sakali ieu aing rumasa dosa. PANGERAN bener, aing jeung rahayat salah.

28

Aing pangnedakeun ka PANGERAN! Sina enggeus ieu guludug jeung hujan es teh. Aing jangji ngidinan iang, maraneh teu kudu lila-lila deui araya di ieu nagara."

29

Piunjuk Musa, "Saparantos kaula kaluar ti jero kota bade nadahkeun leungeun neneda ka PANGERAN. Guludug bakal rerep, hujan es bakal sirep, supados Gusti uninga yen sakuliah jagat teh PANGERAN anu kagungan.

30

Nanging ku kaula parantos kajudi, gamparan sapara mantri teu acan keneh ngaraos sieun ku GUSTI Allah."

31

Pelak haramay jeung gandrung ruksak, lantaran gandrung geus arasak, ari haramay keur parucukan.

32

Tapi pelak gandum mah teu aya anu ruksak lantaran asakna pandeuri.

33

Musa undur ti raja. Sanggeus aya di luar dayeuh anjeunna nadahkeun panangan, neneda ka PANGERAN. Jep gelap jempe, hujan es eureun, hujan geus teu ngucur deui.

34

Ana raja uninga yen bahaya geus sirep seug ngadosa deui. Anjeunna sapara mantri tetep neugtreug,

35

cocog jeung dawuhan PANGERAN ka Musa yen eta raja moal ngidinan urang Israil iang.

Link: