:

Budalan 32

1

Sanggeus sakitu lilana Musa henteu lungsur-lungsur ti gunung, jalma-jalma teh karumpul ka Harun sarta miunjuk kieu ka anjeunna, "Duka katarajang naon Juragan Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin."

2

Saur Harun ka maranehna, "Laanan anting-anting anu diparake ku pamajikan, ku anak lalaki, ku anak awewe, kumpulkeun terus bawa ka Bapa."

3

Seug maranehna ngaralaanan anting emasna tuluy diserenkeun ka Harun.

4

Ku Harun dicandak tuluy dilebur kabeh dicitak jadi hiji sasapian emas. Ceuk jalma-jalma teh, "Eh urang Israil, tah ieu allah urang, anu ngaluarkeun urang ti Mesir!"

5

Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas, tuluy ngembarkeun kieu, "Isukan kudu pesta, ngagungkeun PANGERAN."

6

Isukna isuk-isuk keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh keur kurban beuleuman, sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban panarima. Brek jalma-jalma dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu nginum, pestana robah jadi borak-borak jeung cabul.

7

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Geuwat turun ayeuna keneh. Jalma-jalma meunang maneh ngaluarkeun ti Mesir teh marigawe dosa, murtad ti Kami.

8

Pituduh laku anu ceuk Kami kudu dilakonan geus teu diparake pisan. Malah geus nyarieun sasapian emas dicitak, disarembah, dibere kurban. Carekna eta teh allahna, anu ngaluarkeunana ti Mesir.

9

Eta jalma-jalma teh saenyana kacida ngaralawanna.

10

Ku Kami rek dibasmi, amarah Kami geus teu katahan. Maneh ulah nyoba-nyoba mondah Kami. Lamun maranehna geus dibasmi, maneh jeung turunan maneh rek dijieun hiji bangsa gede."

11

Tapi Musa kacida muntang-muntangna ka PANGERAN Allahna, piunjukna, "Nun PANGERAN, naon damelna Gusti bendu dugi ka kitu ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir, kenging ngarebut ku kawasa sareng kadigjayaan?

12

Mana teuing piomongeun urang Mesir! Tangtos carekna mana eta umat kagungan ku Gusti dikaluarkeun ti Mesir teh bade ditumpes di pagunungan, bade dibasmi sama sakali. Mugi ulah kateterasan bendu. Sing hawatos ka maranehna, ulah dugi ka dicilakakeun.

13

Mugi emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak, sareng Yakub. Gusti parantos ikrar kalayan hidmat bade ngajembarkeun turunan aranjeunna dugi ka seueurna sapertos bentang-bentang di langit, tur bade dipaparin tanah anu parantos dijangjikeun tea yen bade dimilikkeun ka maranehna salalanggengna."

14

PANGERAN lemper, teu tulus ngancamna ka umat-Na.

15

Musa lungsur ti gunung, nyandak dua papan batu anu dua beulahanana bulak-balik geus ditulisan papakon-papakon.

16

Anu ngadamel eta papan batu jeung anu ngukur papakon-papakonna PANGERAN ku manten.

17

Yosua ngareungeu sora anu surak, unjukan ka Musa, "Kakupingna di pasanggrahan teh sapertos keur perang."

18

Saur Musa, "Eta lain sora surak unggul, lain sora jerit anu eleh. Eta mah sora anu ngarawih."

19

Musa geus deukeut ka pasanggrahan. Katingalieun jalma-jalma keur ngarigel. Sasapian tea ge geus katingalieun. Anjeunna kacida benduna, nepi ka papan batu candakna teh dibeubeutkeun di dinya keneh, di suku gunung.

20

Ti dinya sasapian teh ku anjeunna dicandak tuluy dilebur dijieun bubuk lembut, cur dicaian, tuluy sina diarinum ku urang Israil.

21

Geus kitu anjeunna mariksa ka Harun, "Akang teh dikumahakeun ku eta jalmi-jalmi, dugi ka ngantep maranehna marigawe dosa sakitu dorakana?"

22

Waler Harun, "Mugi rayi ulah bendu. Rayi langkung uninga, ieu jalmi-jalmi teh parantos bakatna kana awon.

23

Kawitna maranehna nyanggem kieu ka Akang, ‘Duka katarajang naon Juragan Musa anu ngaluarkeun kuring ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Mana kuring sadaya pangnyieunkeun hiji allah anu bakal mingpin.’

24

Ku Akang dititah nyarerenkeun perhiasan-perhiasan emasna. Sakur anu garaduheun mah sadayana nyarerenkeun, seug ku Akang dilebur dina seuneu, nya jadi eta sasapian!"

25

Geus kauninga ku Musa, yen pangna eta jelema-jelema jadi kawas kuda leupas ti gedogan teh lantaran dikencar kahayangna ku Harun, ngarerakeun maneh di hareupeun musuh.

26

Ti dinya Musa ngadeg di lawang pasanggrahan, tuluy sasauran bedas, "Saha anu mihak ka PANGERAN, hiap nyampeurkeun!" Seug sakabeh urang Lewi nyalampeurkeun.

27

Musa ngalahir ka maranehna, "Timbalan GUSTI Allah, Panutan Israil ka maraneh, soren pedang. Ideran pasanggrahan ti lawang ka lawang. Dulur, sobat, tatangga, paehan!"

28

Prak urang Lewi ngajalankeun parentah Musa. Poe eta aya tilu rebu urang anu diparaehan.

29

Saur Musa ka urang Lewi, "Poe ieu maraneh geus nyarucikeun diri sakumaha kuduna imam, ngalakonan gawe pikeun PANGERAN, geus rarido najan dititah maehan anak sorangan jeung baraya sorangan. Nu matak maraneh ku Mantenna diganjar ku berkah-Na."

30

Poe isukna Musa ngalahir ka jalma rea, "Maraneh geus marigawe dosa anu doraka kabina-bina. Parandene kitu kami rek ka gunung deui ngadeuheus ka PANGERAN, sugan kami bisa mangmentakeun hampura pikeun maraneh."

31

Sanggeus kitu Musa unggah deui marek ka PANGERAN. Piunjukna, "Jalmi-jalmi teh parantos midamel dosa kalintang ageungna, nyarieun aallahan tina emas sareng disarembah.

32

Mugi dosana dihapunten. Upami Gusti teu kersa maparin hapunten ka maranehna, langkung sae ngaran abdi kenging Gusti nyeratkeun dina daptar ngaran-ngaran umat Gusti tea dipupus."

33

PANGERAN ngawaler, "Anu rek dipupus ngaranna tina kitab Kami, nya anu geus marigawe dosa ka Kami.

34

Ayeuna mah anteurkeun eta jelema-jelema teh ka tanah anu ku Kami geus diandikakeun tea. Jeung inget, maneh bakal dipingpin ku malaikat Kami. Tapi eta jelema-jelema teh tangtu ku Kami dihukum ku karana dosana."

35

Ti dinya PANGERAN ngadatangkeun balahi ka eta jelema-jelema, anu geus maraksa ka Harun mangnyieunkeun sasapian emas.

Link: