:

Budalan 33

1

PANGERAN nimbalan ka Musa, "Jelema-jelema anu ku maneh dikaluarkeun ti Mesir teh bawa indit ti dieu, anteurkeun ka tanah anu ku Kami geus dijangjikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, pikeun turunanana.

2

Malaikat Kami tangtu nyarengan ka maneh. Urang Kanaan, urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus, bakal disingkahkeun.

3

Anu keur diteang teh tanah anu gemah ripah. Tapi Kami mah pribadi moal milu bareng, bisi ana maranehna baha heug ku Kami dilebur di tengah jalan."

4

Barang urang Israil ngadarenge aya timbalan kitu, kacida naralangsaeunana, nepi ka teu daraekeun marake deui perhiasan.

5

Wantu-wantu PANGERAN nimbalan ka maranehna ku Musa, timbalan-Na, "Maraneh jalma-jalma basangkal. Lamun Kami bareng jeung maraneh, sakeudeung ge tangtu maraneh ku Kami dilebur. Mana ayeuna mah ulah marake deui perhiasan, engke Kami rek nangtukeun kudu kumaha ka maraneh teh."

6

Anu matak barang bring ti Gunung Sinai, urang Israil geus teu marake deui perhiasan.

7

Unggal-unggal urang Israil masanggrahan, Kemah suci teh ku Musa dicandak, tuluy dipasang rada anggang ti pasanggrahan. Eta Kemah disebutna Kemah Tepangan PANGERAN. Saha-saha anu hayang ngadeuheus ka PANGERAN, kudu ka dinya asup.

8

Ana Musa kaluar angkat ka eta kemah, jalma-jalma kudu narangtung di lawang kemahna masing-masing bari mencrong, nepi ka Musa lebet.

9

Ana Musa geus lebet, tihang mega tea turun tuluy nanjeur di lawang eta Kemah, sarta PANGERAN bakal nimbalan ka Musa tina eta mega.

10

Lamun geus narenjo tihang mega tea turun jeung nanjeur di lawang Kemah, jalma-jalma kudu buru-buru sarujud.

11

PANGERAN ngadawuh ka Musa teh papayun-payun, cara jelema cacarita jeung sobatna. Sanggeus kitu Musa mulih ka pasanggrahan. Tapi budak ngora pangbantu Musa, Yosua bin Nun tea, tetep aya di eta Kemah.

12

Musa miunjuk ka PANGERAN, "Timbalan Gusti abdi kedah nganteurkeun eta jalmi-jalmi ka tanah di ditu, nanging saha anu ku Gusti bade diutus nyarengan abdi, ku Gusti teu diwartoskeun. Ongkoh saur Gusti ka abdi teh kenal pisan, sareng nyaurkeun yen abdi teh ku Gusti dipisuka.

13

Upami leres mah abdi mendak kurnia dina soca Gusti, atuh wartoskeun pangersa teh bade kumaha, supados abdi tiasa ngawulaanana, sareng supados tetela yen leres abdi teh kamanah. Mugi diemut, ieu bangsa teh ku Gusti parantos dipilih dijadikeun umat Gusti."

14

PANGERAN ngadawuh, "Kami kersa nyarengan, maneh rek dibere kaunggulan."

15

Piunjuk Musa, "Upami Gusti teu kersa nyarengan, atuh abdi sadaya ulah dipiwarang mios ti ieu tempat.

16

Margi kumaha bakal katawisna Gusti mikurnia ka umat kagungan sinareng ka diri abdi, upami teu kersa nyarengan? Katawisna abdi sadaya dipunjulkeun ti bangsa-bangsa sajagat teh upami Gusti aya di tengah abdi sadaya."

17

Dawuhan PANGERAN, "Hade, sapamenta maneh rek diturut, lantaran Kami ka maneh teh geus teu asa-asa jeung resep."

18

Piunjuk Musa, "Upami kitu, abdi hoyong ditembongan kamulyaan Gusti."

19

PANGERAN ngawaler, "Heug, sagala kamulyaan Kami bakal ngaliwat ka hareupeun maneh, sarta jenengan Kami anu suci rek disebut. Kami, PANGERAN, rek nembongkeun katresnan jeung kawelas ka jelema anu kaanggo ku Kami.

20

Tapi pameunteu Kami mah moal ditembongkeun, sabab moal aya anu kuat nenjo, tangtu tiwas.

21

Ieu di gigireun Kami aya gunung karang, pek engke maneh ka dieu, nangtung dina ieu gunung karang.

22

Dina waktu kamulyaan Kami katembong liwat ngagebray, maneh rek diasupkeun kana guha dina eta gunung karang, sarta panangan Kami rek dipindingkeun ka maneh nepi ka Kami enggeus ngaliwat.

23

Lamun panangan Kami geus diangkat, anu bakal katenjo ku maneh ngan pungkur Kami bae, pameunteu mah moal ditembongkeun."

Link: