Hakim-hakim 11
Aya hiji prajurit anu leber ku wawanen, jenenganana Yepta, putra Gilad ti hiji awewe palacuran.
Ti geureuhana anu sah anjeunna kagungan sababaraha putra. Sanggeus sawawa, aranjeunna nyesedek sangkan Yepta ingkah. Salaurna, "Maneh mah moal meunang warisan naon-naon ti bapa kami; maneh mah teu saindung."
Yepta ingkah ti saderek-saderekna, tuluy calik di tanah Tob. Di dinya anjeunna narik hate jalma-jalma jahat, anu tuluyna ngahiji jeung anjeunna.
Heuleut sawatara lila, urang Israil diperangan ku urang Amon.
Barang mimiti der, para pamingpin Gilad arangkat ka tanah Tob ngangkir Yepta.
Salaurna, "Mugi anjeun kersa mingpin perang malar urang kuat ngayonan urang Amon."
Ari saur Yepta, "Ongkoh bareto aranjeun sakitu mikangewana ka kuring, nepi ka tega nyingkahkeun kuring ti imah bapa. Ayeuna keur meunang kasusah, wet daratang ka kuring."
Walon aranjeunna ka Yepta, "Leres kitu, maksad teh seja ngajak, mugi kersa ngiring merangan urang Amon, mingpin sadaya urang Gilad."
Saur Yepta ka aranjeunna, "Upama kuring kudu balik pikeun merangan urang Amon, tur engke ku PANGERAN dikersakeun unggul, kuring menta supaya jadi kapala aranjeun."
Walonna, "Mangga satuju. PANGERAN saksina."
Yepta tuluy ngiring ka para pamingpin Gilad, ku urang Gilad tuluy diangkat jadi kapala jeung pamingpin. Seug Yepta ngadamel sarat-saratna di Mispa, di payuneun PANGERAN.
Yepta ngutusan ka raja Amon, ngemban saur kieu, "Naon sababna anjeun narajang ka tanah kuring?"
Ngawaler raja Amon ka eta utusan, "Waktu urang Israil daratang ti Mesir geus ngarampas tanah ti semet Walungan Arnon nepi ka Walungan Yabok jeung Walungan Yordan. Eta kudu dipulangkeun kalawan repeh-rapih."
Utusan teh ku Yepta diutus deui ka raja Amon,
ngemban waleran kieu, "Teu pisan-pisan urang Israil ngarampas tanah Moab atawa tanah Amon.
Kieu anu saenyana: Waktu urang Israil ninggalkeun Mesir, jalanna nyorang gurun keusik, terus ka Teluk Akaba, bras ka Kades.
Ti dinya ngutusan ka raja Edom, menta idin rek ngaliwat ka tanahna. Tapi raja Edom teu ngidinan. Ka raja Moab oge menta idin, tapi ku ieu ge teu diidinan ngaliwat ka tanahna. Urang Israil kapaksa ngendek di Kades.
Geus kitu urang Israil neruskeun lampahna nyorang gurun keusik, jalanna muteran tanah Moab jeung tanah Edom, seug nepi ka wetaneun tanah Moab peuntaseun Walungan Arnon beulah ditu. Seug sarta masang kemah di dinya. Tapi henteu nepi ka meuntasan eta walungan, lantaran nyaho eta mah geus wates tanah Moab.
Ti dinya urang Israil ngutusan ka Sihon, raja urang Emor di Hesbon, menta idin ngaliwat ka tanahna, arek terus ka tanah milikna sorangan.
Raja Sihon henteu ngidinan ka Israil, anggur ngumpulkeun baladna kabeh, sarta masang kemah di Yahas, tuluy narajang ka Israil.
Tapi PANGERAN, Allahna Israil, ngersakeun Israil unggul bisa ngelehkeun Sihon sabaladna. Wewengkon urang Emor satanah eta ku urang Israil dijabel,
terus dicaricingan ti semet Walungan Arnon di beulah kidul nepi ka Walungan Yabok di beulah kaler, ti semet gurun keusik di beulah wetan, nepi ka Walungan Yordan di beulah kulon.
Nya PANGERAN, Allahna Israil, anu ngusir urang Emor pikeun umat-Na, urang Israil.
Naon sababna eta ayeuna ku anjeun rek dicoba-coba dicokot deui? Pek eta sagala pamere Kamos batara anjeun teh ari rek dibelaan mah. Sabalikna kuring oge wajib ngabelaan sagala rupa anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN Allah kuring.
Naha ceuk pangrasa anjeun, anjeun teh leuwih hade ti batan Balak bin Sipor, raja Moab? Na kungsi eta raja teh nangtang ka Israil? Na kungsi anjeunna merangan ka pihak kuring?
Geus tilu ratus taun Israil nyicingan Hesbon jeung Arur katut pilemburan-pilemburan sakurilingeunana, kitu deui sakabeh kota anu pernahna di sisi-sisi Walungan Arnon. Ku naon ku anjeun henteu direbut dina mangsa-mangsa eta?
Henteu, kuring teu salah teu naon ka anjeun. Sabalikna anjeun anu nyieun goreng arek merangan. Mugi-mugi PANGERAN anu jumeneng hakim, poe ieu nangtukeun hukum-Na kana perkara urang Israil jeung urang Amon."
Eta kasauran Yepta ku raja Amon henteu dipirosea.
Geus kitu Roh PANGERAN tumerap ka Yepta. Anjeunna angkat nyorang tanah Gilad jeung tanah Menase, mulih deui nganggo jalan ka Mispa di wewengkon Gilad, lajeng ka tanah Amon.
Anjeunna kaluar nadar ka PANGERAN, saurna, "Madak abdi ku anjeun dikersakeun tiasa ngelehkeun urang Amon,
ana abdi wangsul unggul jurit, abdi sumeja ngahaturkeun jalmi anu pangheulana kaluar ti rorompok mapagkeun abdi. Eta bade diduruk didamel kurban ka PANGERAN."
Geus kitu Yepta meuntasan walungan seja merangan urang Amon. Kersaning PANGERAN perangna unggul.
Urang Amon ku anjeunna dibabad ti semet Arur nepi ka wewengkon sakurilingeun Minit, dua puluh kota kabehna, malah terus nepi ka Abel Keramim. Urang Amon dicacar bebeakan, kasoran ku urang Israil.
Sanggeus Yepta sumping ka bumina di Mispa, putrana anu geus parawan kaluar mapagkeun, igel-igelan bari nabeuh terebang. Eta teh putra tunggalna.
Barang Yepta ningali kitu, anjeunna nyosoeh anggoan bawaning ku nalangsa, sarta lahirna, "Aduh anaking! Ieu hate Ama kiamat. Naha bet enung pisan anu ngajejewet hate Ama teh? Ama teh geus sumpah ka PANGERAN, teu bisa diletak deui."
Putrana ngawangsul, "Upami parantos sumpah ka PANGERAN mah, mangga teh teuing abdi pidamel sakumaha anu ku Ama parantos diikrarkeun, margi Ama ku PANGERAN parantos dikersakeun unggul iasa ngelehkeun musuh Ama, urang Amon."
Saurna deui ka ramana, "Mung abdi aya panuhun, nyuhunkeun tempo dua sasih bade nepangan rerencangan, teras ngumbara ka gunung-gunung, sumeja nyeungceurikan diri sorangan, kedah maot parawan keneh."
Ku ramana seug dijurung, dipaparin waktu dua bulan. Bral indit jeung batur-baturna ka gunung-gunung, ngadon nangisan salira kudu pupus memeh kagungan jodo, bujeng-bujeng dugi ka puputra heula.
Sanggeus dua bulan, balik deui ka ramana. Ku ramana dilakonan sakumaha anu geus diikrarkeun ka PANGERAN. Nyi mojang teh maot parawan keneh. Hal eta saterusna jadi adat di Israil,
nya eta, unggal mojang saban-saban taun kudu lunta heula opat poe, pikeun nyeungceurikan putra awewe Yepta urang Gilad.