Hakim-hakim 12
Urang Epraim mangsa harita tandang arek perang, tuluy arindit meuntasan Walungan Yordan muru ka Sapon. Maranehna nyarita ka Yepta, "Ku naon maneh indit merangan urang Amon teh teu ngajak kuring? Ayeuna kuring rek ngaduruk maneh saeusi imah!"
Ku Yepta diwaler kieu, "Basa urang Gilad jeung urang Amon paketrok nemen pisan, kuring menta tulung ka aranjeun ngabantu ngabebaskeun kuring jeung urang Gilad ti urang Amon, tapi aranjeun teu narulungan.
Sanggeus terang yen aranjeun embung pipilueun, kuring nekad ngetohkeun nyawa, asup ka daerah musuh rek merangan. Ku karana PANGERAN, kuring bisa ngelehkeun musuh. Jadi naon sababna ayeuna aranjeun arek merangan ka kuring?"
Geus kitu Yepta ngumpulkeun urang Gilad pikeun merangan urang Epraim. Urang Epraim eleh. (Eta urang Epraim geus ngomong kieu, "Maraneh urang Gilad di Epraim jeung di Menase, maraneh teh kakaburan ti Epraim!")
Sangkan urang Epraim ulah aya nu lolos, tempat-tempat sisi Walungan Yordan anu kira-kira bisa dipake meuntas, ku urang Gilad direbut. Ana aya urang Epraim menta idin meuntas arek nyoba-nyoba kabur, ku urang Gilad ditanya, "Maneh urang Epraim?" Upama jawabna, "Lain,"
terus dititah ngucapkeun "Syibolet". Urang Epraim ngucapkeunana teh "Sibolet", teu bisaeun bentes. Upama geus kitu eta jelema ditewak tuluy dipaehan di dinya keneh, di salah sahiji peupeuntasan Walungan Yordan. Harita urang Epraim anu diparaehan teh nepi ka opat puluh dua rebu jelema.
Yepta jenengna pamingpin di urang Israil meunang genep taun. Tuluy pupus, dikurebkeun di kota Mispa di Gilad.
Sanggeus Yepta, anu jadi hakim urang Israil teh Ibsan urang Betlehem.
Anjeunna kagungan tilu puluh putra lalaki, tilu puluh putra awewe. Putra-putrana nu awewe dijodokeunana ka urang kaom sejen. Ari ti kaom luar anjeunna nyandak tilu puluh mojang dijodokeun ka putra-putrana anu pameget. Ibsan ngapalaanana ka Israil meunang tujuh taun,
tuluy pupus sarta dikurebkeun di Betlehem.
Sanggeus Ibsan, anu jadi hakim urang Israil teh Elon ti Sebulun. Ngapalaanana meunang sapuluh taun,
tuluy pupus, dikurebkeun di Ayalon, di wewengkon Sebulun.
Sanggeus Elon, hakim urang Israil teh Abdon bin Hilel ti Piraton.
Anjeunna kagungan opat puluh putra pameget jeung tilu puluh putu pameget anu masing-masing baroga kalde tunggang hiji sewang. Abdon mingpinna ka Israil meunang dalapan taun,
tuluy pupus, dikurebkeun di Piraton wewengkon Epraim, di pagunungan urang Amalek.