Hakim-hakim 13
Urang Israil milampah dosa deui ka PANGERAN, sarta ku Mantenna diselehkeun ka urang Pelisti, dijajah nepi ka opat puluh taun.
Jaman eta aya hiji jelema, ngaranna Manoah, urang Sora, anggota kaom Dan. Ari bojona gabug.
Ti dinya malaikat PANGERAN nembongan ka bojo Manoah sarta ngandika, "Nepi ka ayeuna maneh acan keneh boga anak. Tapi moal lila deui maneh bakal kakandungan tuluy ngajuru, budakna tangtu lalaki.
Maneh kudu pantrang, teu meunang nginum anggur atawa inuman keras, teu meunang dahar kadaharan anu diharamkeun.
Upama budak geus lahir, buukna ulah dicukuran, sabab ti barang borojolna geus diabdikeun ka Allah jadi Nasir. Manehna nu baris ngajait urang Israil ti urang Pelisti."
Eta wanita bebeja ka salakina, "Bieu kuring kasumpingan utusan Allah. Pamuluna lir malaikat PANGERAN, kacida pikagimireunana. Ku kuring teu ditanyakeun anjeunna teh nu ti mana, kitu deui anjeunna oge henteu ngenalkeun jenenganana.
Saurna kuring teh bakal ngandung, bakal boga anak lalaki. Saurna deui kuring kudu pantrang, teu meunang nginum anggur atawa inuman keras, teu meunang dahar kadaharan anu diharamkeun, sabab budak teh pijadieun Nasir Allah saumur-umur."
Seug Manoah neneda ka PANGERAN, "Nun PANGERAN, mugi eta utusan Allah anu nembe sumping teh sina sumping deui maparin katerangan perkawis budak, upami parantos lahir kedah kumaha ngurusna."
Paneda Manoah ku Allah dikabul, malaikat-Na sumping deui ka eta wanita, waktu manehna keur diuk di kebon, sorangan henteu jeung salakina.
Harita keneh manehna lumpat ka salakina, sarta pokna, "Itu utusan anu kamari ieu teh sumping deui ka kuring."
Manoah geuwat nuturkeun bojona nepungan tamu, seug tumaros, "Juragan teh anu kamari ieu cacarios sareng pun bojo?" Tamu ngawaler, "Enya."
Manoah tumaros deui, "Saupami pilahir Juragan teh parantos buktos, eta budak kedah kumaha, kumaha pilampaheun hirupna?"
Waler malaikat, "Bojo maneh kudu tigin ngalakonan hal-hal anu ku Kami geus diomongkeun ka dirina.
Naon bae anu asal tina tangkal anggur teu meunang didahar, anggur atawa inuman keras teu meunang, kitu deui kadaharan-kadaharan anu diharamkeun. Sakur anu ku Kami diomongkeun ka manehna kudu dilampahkeun."
Manoah teu terangeun yen eta teh malaikat PANGERAN, ku sabab kitu pok unjukan kieu, "Ulah waka mulih. Tuang heula, bade dipangnyayagikeun anak embe." Tapi saur malaikat, "Najan diandeg ge susuguh maneh ku Kami moal didahar. Tapi ari rek nyadiakeun mah pek bae, tuluy duruk jieun kurban ka PANGERAN."
(13:15)
Manoah unjukan deui, "Neda wartos, saha salira teh, supados di mana pilahir Juragan tea buktos, abdi tiasa nyanggakeun panghormat."
Malaikat teh mariksa, "Keur naon hayang nyaho ngaran Kami? Eta ngaran teh ajaib."
Geus kitu Manoah nyokot hiji anak embe jeung tuangeun saperluna, tuluy diteundeun dina luhur altar cadas, dikurbankeun ka PANGERAN, anu terus ngadamel kaajaiban.
Waktu seuneu kurban geus luhur tina altar, katingal ku Manoah jeung bojona, malaikat teh mumbul ka langit di jero gedagna seuneu. Manoah kakara eling, yen eta anu bieu teh malaikat PANGERAN, bruk bae manehna jeung bojona sujud kana taneuh. Ti harita malaikat teh teu nembongan deui.
(13:20)
Ceuk Manoah ka bojona, "Urang geus nenjo Allah, tangtu urang paeh."
Tapi ceuk bojona, "Upama enya PANGERAN bade nyabut nyawa urang, piraku tadi kersaeun nampi kurban urang; moal tepi ka mintonkeun itu mintonkeun ieu, moal ngadawuhkeun sagala perkara nu tadi ka urang."
Gancangna eta wanita teh ngalahirkeun, orokna lalaki, kakasihna Simson. Murangkalih beuki ageung, ku PANGERAN diberkahan.
Waktu anjeunna keur aya di antara Sora jeung Estaol di pakemahan Dan, kakawasaan PANGERAN mimiti maparin kabedasan ka anjeunna.