:

Hakim-hakim 19

1

Keur jaman Israil can boga raja, aya hiji urang Lewi ngumbara di daerah pagunungan Epraim. Manehna mawa hiji mojang urang Betlehem wewengkon Yuda, dijieun selir.

2

Hiji waktu eta mojang teh pundung, balik ka imah bapana di Betlehem meunang opat bulan.

3

Ti dinya manehna gilig rek nyusul eta mojang, arek dilelemu sangkan daekeun dibawa balik. Inditna jeung gandek saurang, nungtun dua kalde. Barang datang, ku eta mojang dititah asup ka imah. Bapa eta mojang barang nenjoeun ka manehna teh terus bae ngabageakeun gumbira pisan.

4

Ku sabab diandeg, seug nganjrek tilu poe tilu peuting, dahar nginumna diurus.

5

Dina kaopat poena, manehna jeung gandekna isuk-isuk keneh geus dangdan arek mulang. Tapi ceuk bapa awewe, "Dalahar heula ambeh jagjag. Engke bae balik mah."

6

Gek eta urang Lewi teh diuk tuluy dahar leueut jeung bapa eta mojang. Geus kitu ceuk bapa eta mojang teh, "Mondok deui bae atuh, senang-senang."

7

Eta urang Lewi teh geus cengkat rek indit, tapi bapa eta mojang keukeuh nyandet. Nya meuting deui sapeuting eta.

8

Dina kalima poena, rebun-rebun, barang urang Lewi tea rek indit, eta bapa mojang teh nyarita deui, "Dalahar heula. Engke bae indit mah ari enggeus rada beurang." Nya tuluy dalahar bareng duaan.

9

Barang eta urang Lewi katut selirna, kitu deui gandekna geus arek jung, dicandet deui bae pokna, "Geuning geus meh peuting, sakeudeung deui oge poek. Leuwih hade meuting deui, senang-senang. Isukan bae baralik mah isuk-isuk."

10

Tapi geus teu bisa dicandet, embungeun kudu meuting deui mah. Bral bae indit jeung selirna, dituturkeun ku gandek jeung dua kaldena nu geus diselaan. Poe geus meh peuting, ari lalampahan kakara arek nepi ka kota Yebus (Yerusalem tea). Ari ceuk gandekna, "Moal nyimpang heula, Juragan, ngawengi di dieu, di kota urang Yebus?"

11

(19:10)

12

Ku dununganana ditembal, "Ulah eureun di kota anu jelemana lain urang Israil. Urang terus heula rada ka beh ditu, urang moro meuting di Gibea atawa di Ramah."

13

(19:12)

14

Seug tarerus, Yebus mah diliwat. Barang narepi ka Gibea wewengkon Binyamin, panonpoe geus surup.

15

Leok nyarimpang ti jalan, arek ngadon mondok ka kota. Sanggeus araya di jero kota, gek dariuk di alun-alun. Tapi urang dinya saurang ge teu aya anu uah-aeh ngajak ka imahna.

16

Sabot di darinya keneh, hol aya jelema geus kolot, kakara balik tas digawe ti kebonna. Eta jelema asalna mah ti daerah pagunungan Epraim, ngadon hirup di Gibea. (Nu sejenna mah urang dinya kabeh, kaom Binyamin.)

17

Barang katenjoeun yen aya semah dariuk di alun-alun, pek nanya, "Ieu teh anu ti mana, seja ka mana?"

18

Urang Lewi ngawalon, "Wangsul ti Betlehem wewengkon Yuda, seja mulang ka lembur. Ari kawit mah tebih ti pagunungan Epraim. Henteu aya anu nyambat mondok saurang oge.

19

Da gaduh sakadar parab kalde sareng jarami mah. Roti sareng anggur ngabantun, kangge ieu pun selir, kangge abdi sareng gandek. Anu perlu-perlu mah aya."

20

Ceuk jelema kolot, "Hayu atuh urang ka Bapa, ulah mareuting di alun-alun."

21

Tuluy dibawa ka imahna. Kaldena diparaban. Sanggeus semah ngarumbah suku, brak dalahar.

22

Sabot maranehna keur nyenangkeun awak, eta imah ujug-ujug geus dilingkung ku jelema-jelema tukang ngajina, malah geus mimiti gegedor kana panto bari tinggorowok ka nu boga imah, pokna, "Kaluarkeun eta semah lalaki anu keur meuting di imah maneh, ku kami arek dipake!"

23

Tapi jelema kolot tea kaluar, ngomongan, pokna, "Eling dulur-dulur! Adat kitu teh teu pantes, ingkar tina susila! Eta jalma semah Bapa.

24

Tapi aya selirna. Anak Bapa oge aya, parawan keneh. Heug ku Bapa rek dikaluarkeun pikeun aranjeun. Pek rek dikumahakeun kuma karep, dapon ulah nyieun kalakuan anu sakitu aebna ka eta jelema!"

25

Tapi ku maranehanana henteu didenge. Ku sabab kitu eta urang Lewi teh nyurungkeun selirna kaluar. Harita keneh tuluy pada ngagorenyangkeun, hantem diparake sapeuting jeput tepi ka isuk teu eureun-eureun.

26

Wanci bijil pajar awewe teh datang, bru ngarumpuyuk kana panto imah anu dipondokan ku salakina. Ngalumpuruk bae di dinya nepi ka bray-brayan.

27

Salakina enggeus hudang, ari bray mukakeun panto arek terus lumaku, nyampak selirna geus ngalumbuk hareupeunana, leungeunna muntang kana panto.

28

Ceuk salakina, "Hudang, hayu urang balik." Tapi taya jawaban lantaran geus maot. Tuluy diangkat, diteundeun kana tonggong kalde, bral dibawa mulang.

29

Sadatangna ka lembur, sup ka imah top kana bedog. Mayit selirna dipotongan jadi dua belas potong, terus dikirim-kirimkeun ka dua belas kaom Israil, masing-masing sapotong.

30

Ari ceuk anu narenjo, "Kakara manggih kajadian siga kieu mah! Ti baheula oge, ti jaman Israil mimiti ninggalkeun Mesir, can aya kajadian kawas kieu! Ulah cicingeun, urang badami kumaha nguruskeunana."

Link: