:

Hakim-hakim 20

1

Sakabeh urang Israil, ti semet wewengkon Dan ti kaler, nepi ka Bersyeba di kidul, kitu deui wewengkon tanah Gilad di wetan, kabeh kumpul jadi hiji di payuneun PANGERAN di Mispa.

2

Aya opat ratus rebu urang umat Allah anu kumpul, bangsa perjurit badarat, diluluguan ku sakabeh pamingpin kaom-kaom Israil.

3

Sajeroning kitu jalma-jalma kaom Binyamin geus ngadarengeeun yen urang Israil lianna kabeh geus kumpul di Mispa. Ceuk urang Israil, "Caritakeun perkarana eta kajadian."

4

Pok urang Lewi anu selirna tiwas nyarita, "Kuring jeung selir kuring meuting di Gibea, wewengkon Binyamin.

5

Urang Gibea ngepung imah anu dipake mondok. Maksudna hayang maehan ka kuring, tapi selir kuring anu beunang tuluy diperkosa nepi ka tiwas.

6

Mayitna ku kuring dibawa tuluy diteukteukan, ti dinya dikirim-kirimkeun ka dua belas kaom Israil, masing-masing sateukteuk. Eta bangsa di urang geus nyieun kalakuan anu aeb, ingkar tina susila.

7

Anjeun anu araya di dieu kabeh bangsa Israil. Dina sual ieu urang kudu kumaha?"

8

Jung urang Israil narangtung, ngajawab, "Saurang ge ulah waka aya nu mulang, boh ka imah boh ka kemah.

9

Kieu anu kudu dijalankeun: Gibea urang tarajang. Anu piinditeun perang urang tangtukeun ku lotre.

10

Sapersapuluhna ti Israil kudu tatahar keur pibekeleun balad, nu sejenna kudu indit ngahukum Gibea, naur kalakuanana anu aeb di Israil."

11

Jalma-jalma di Israil geus gumulung dina hiji tekad: Rek ngagempur Gibea.

12

Ti dinya kaom-kaom Israil ngutusan ka sakuliah wewengkon kaom Binyamin, nepikeun ieu pamenta, "Naon pingaraneunana eta kajahatan aranjeun teh!

13

Serenkeun urang Gibea anu ingkar tina susila teh, rek ditumpes! Dosa anu siga kitu kudu musna ti Israil." Tapi eta pamenta Israil ku Binyamin henteu didenge.

14

Anggur murubul ka Gibea ti unggal kota wewengkon Binyamin, arek ngayonan dulur-dulurna papada urang Israil.

15

Poe eta keneh ti sakabeh kota geus kumpul dua puluh genep rebu prajurit. Urang Gibea sorangan geus ngumpulkeun tujuh ratus jalma istimewa, jalma-jalma ngede, kabeh ahli ngabandring, tara mencog satungtung buuk.

16

(20:15)

17

Ari kaom Israil geus boga opat ratus rebu prajurit, kabeh enggeus asak latih.

18

Urang Israil kumpul di Betel, tempat paranti ngabakti. Tuluy naros ka Allah, "Kaom mana anu kedah ti heula narajang ka kaom Binyamin?" Waler PANGERAN, "Kaom Yuda."

19

Isukna urang Yuda maju, geus mangkalan deukeut kota Gibea,

20

rek mimiti narajang ka balad Binyamin. Tata pasukanana nyanghareup ka eta kota.

21

Balad Binyamin kaluar ti jero kota, mapag ngayonan. Memeh burit geus hasil maehan 22.000 perjurit Israil.

22

Geus kitu urang Israil arindit ka tempat ngabakti, maridangdam di dinya payuneun PANGERAN nepi ka peuting. Ti dinya naros ka Mantenna, "Kumaha abdi-abdi teh kedah mios deui merangan pun dulur Binyamin?" PANGERAN ngawaler, "Enya." Balad Israil timbul deui wawanenna. Pasukanana ditempatkeun cara kamari.

23

(20:22)

24

Der deui narajang ka balad Binyamin kadua kalina.

25

Urang Binyamin kaluar deui kadua kalina ti Gibea, sarta hasil maehan deui 18.000 prajurit Israil.

26

Bangsa Israil arindit deui ka Betel, maridangdam. Brek marando di payuneun PANGERAN nepi ka peuting, teu nolih lapar. Geus kitu ngahaturkeun kurban karapihan jeung kurban beuleuman ka PANGERAN.

27

Dina mangsa eta Peti Perjangjian Allah aya di Betel. Anu jadi imamna nya eta Pinehas bin Elasar putuna Harun. Maranehanana naros deui ka PANGERAN, "Kumaha abdi-abdi teh kedah majeng deui ngalawan pun dulur Binyamin, atanapi parantos bae?" PANGERAN ngawaler, "Lawan terus! Isukan ku Kami rek diselehkeun ka maraneh."

28

(20:27)

29

Sanggeus meunang dawuhan PANGERAN, urang Israil nempatkeun pasukanana sawareh sina ngadodoho di sakuriling Gibea.

30

Tuluy dina poe anu katilu maju deui narajang balad Binyamin. Tata pasukanana disanghareupkeun ka Gibea cara nu enggeus-enggeus.

31

Urang Binyamin mapag ngayonan, seug kalejokeun anggang ti kota. Cara nu enggeus-enggeus maranehanana geus mimiti maehan sababaraha urang prajurit Israil di luar, di jalan anu ka Betel jeung anu ka Gibea. Geus aya tilu puluh prajurit Israil anu kasambut.

32

Ceuk urang Binyamin, "Urang unggul deui bae cara kamari-kamari." Padahal urang Israil ngahaja mundur, ngarah maranehanana barijil ti jero kota sina ka jaralan.

33

Barang pasukan inti balad Israil ditarik sina mundur sarta ngahiji deui di Baal Tamar, pasukan anu keur ngadodoho kota Gibea rabul kalaluar ti panyumputanana, tina cadas-cadas sabudeureun kota.

34

Sapuluh rebu prajurit Israil petingan ti saban kaom, narajang ka Gibea, der campuh ragot teu kira-kira. Urang Binyamin teu ngarasa yen geus tereh tumpur.

35

PANGERAN ngersakeun Israil unggul ngelehkeun balad Binyamin. Poe eta 25.100 musuh kasambut ku urang Israil.

36

Urang Binyamin ngarasa yen perangna geus kasoran. Pasukan inti balad Israil ditarik sina mundur ti urang Binyamin, sabab ngandelkeun jalma-jalmana anu keur nyarumput ngadodoho di sakuriling Gibea,

37

anu tuluy nyelempek ka Gibea kesit pisan. Sanggeus araya di jero kota gancang mencar, ngababad musuh anu di dinya.

38

Pasukan inti jeung jalma-jalma anu ngadodoho tea geus nangtukeun hiji isarat, nya eta: Lamun geus aya haseup kandel mumbul ti jero kota,

39

pasukan inti anu mundur kudu malik ngangseg musuh. Harita urang Binyamin geus bisa maehan tilu puluh prajurit Israil. Urang Binyamin geus ujub, pokna, "Urang unggul deui cara kamari-kamari."

40

Sanggeus haseup isarat tea katembong mumbul ti kota, urang Binyamin tinglalieuk sarta kacida ngararenjagna, nenjo kotana geus kagulung ku seuneu.

41

Ku pasukan inti balad Israil dibalikan ditarajang. Urang Binyamin teu kira-kira garugupna, tina geus yakin baris kasoran.

42

Tarungna mimiti atar ti Israil, tuluy lalumpatan ka nu negrak. Tapi teu bisa kebat, sabab geus kakepung ku pasukan inti jeung ku jelema-jelema tea, anu ngarudag ti jero kota, terus digempur.

43

Eta musuh ku urang Israil ditingker sarta hantem dibeberik nepi ka tungtung Gibea beulah wetan, dibabad sapanjang jalan.

44

Aya dalapan belas rebu urang Binyamin anu kasambut, kabeh prajurit-prajurit anu panghadena.

45

Sesana kabur ka Cadas Rimon. Lima rebu deui anu kasambut sapanjang jalan. Sesana ku urang Israil diudag nepi ka Gidom, kasambut deui dua rebu urang.

46

Kabehna anu tiwas dina poe eta teh dua puluh lima rebu prajurit Binyamin, kabeh prajurit-prajurit anu garagah wungkul.

47

Tapi aya genep ratus urang anu bisa kabur ka Cadas Rimon, tuluy mubus nepi ka opat bulan.

48

Urang Israil malik deui ngagempur urang Binyamin sasesana, ditumpes kabeh, lalaki, awewe, budak katut jeung sasatoanana. Kota-kotana kabeh dihuru.

Link: