Hakim-hakim 2
Malaikat PANGERAN sumping ti Gilgal ka Bokim; ngandika ka urang Israil, "Maraneh ku Kami dikaluarkeun ti Mesir, dibawa ka tanah anu ku Kami dijangjikeun ka karuhun maraneh. Kami geus ikrar, ‘Kami moal udar jangji ka maraneh.
Maraneh ulah nyieun perjangjian jeung pangeusi tanah ieu. Altar-altar urang dieu kudu diancur-ancurkeun.’ Tapi eta timbalan Kami ku maraneh henteu dilakonan. Malah anggur ngajalankeun anu sabalikna!
Ku sabab kitu, ayeuna Kami moal deui ngusir pangeusi ieu tanah di mana maraneh maju perang. Maranehanana bakal jadi musuh. Maraneh bakal kajiret lantaran ngabakti ka sesembahanana."
Tutas malaikat ngandika, urang Israil kabeh ceurik.
Nya ku sabab kitu eta tempat disebut Bokim. Geus kitu urang Israil di dinya nyanggakeun kurban ka PANGERAN.
Geus kitu Yosua nginditkeun urang Israil. Unggal jelema inditna teh rek ngarebut bagian masing-masing di tanah eta.
Sapanjang Yosua jumeneng, urang Israil ta’at ngabdi ka PANGERAN. Sanggeus dikantun pupus ku anjeunna oge, jeung sapanjang para pamingpin anu geus nyaraksian sagala dadamelan agung PANGERAN keur kabagjaan Israil harirup keneh mah urang Israil teh tetep aribadah.
Yosua putra Nun, abdi PANGERAN, pupus dina yuswa saratus sapuluh taun.
Dikurebkeunana di tanah milikna ku anjeun di Timnat Sera, wewengkon pagunungan Epraim, kalereun Gunung Gaas.
Sanggeus urang Israil anu karolot maraot, turunan nu anyar mah tuluy poho ka PANGERAN, poho kana sagala dadamelan Mantenna pikeun kabagjaan Israil.
Urang Israil terusna mah doraka ka PANGERAN, mimiti nyarembah ka Baal.
Eureun nyembahna ka PANGERAN Allah karuhunna, Allah anu ngaluarkeun maranehanana ti Mesir, tuluy nyembah ka rupa-rupa aallahan nu disembah ku jelema-jelema nu aya di sakurilingeunana. Ku sabab sarujud ka nu karitu, PANGERAN jadi bendu ka maranehna.
Ngabaktina geus lain ka PANGERAN, tapi ka Dewa Baal jeung Astoret.
PANGERAN sakalangkung benduna ka Israil, seug urang Israil teh disina didatangan ku gorombolan anu rarampog, dirempug ku musuh ti sakurilingna. Urang Israil geus teter.
Unggal-unggal maranehna maju perang, PANGERAN nu jadi lawan, ngabuktoskeun dawuhana-Na bareto. Urang Israil bati melenguk.
Geus kitu PANGERAN ka urang Israil maparin pamingpin-pamingpin, pikeun ngayonan rampog-rampog tea.
Tapi urang Israil arapi lain bae ka eta pamingpin-pamingpin teh. Urang Israil geus malungkir ti PANGERAN, nyarembah ka aallahan batur. Beda ti karuhun-karuhunna anu ta’at kana timbalan-timbalan PANGERAN, Israil nu ayeuna mah gancang pisan culna ka PANGERAN teh.
Satiap PANGERAN maparin pamingpin, eta pamingpin teh ku Mantenna dibantu ngaleupaskeun Israil. Sapanjang eta pamingpin hirup keneh mah urang Israil bisa leupas ti musuh-musuhna. Eta teh bawaning PANGERAN welaseun ngadangu maranehna sasambat teu kuat nandangan sangsara.
Tapi ana pamingpin tea maot, prak deui bae maranehanana malikan kalakuan nu enggeus-enggeus, malah gorengna alah batan ti turunan nu ti heula, nyararembah jeung ngabarakti ka allah-allah anu lian, teu kapok-kapok tina kagorengan.
PANGERAN jadi sakalangkung jengkelna ka Israil, lajeng ngadawuh, "Ieu bangsa enggeus ngaruksak perjangjian anu ku Kami diparentahkeun ka karuhun-karuhunna sangkan dicekel pageuh. Ku sabab maranehanana geus teu nurut,
Kami moal rek ngusir deui bangsa-bangsa anu mana bae, anu keur basa Yosua tilar dunya araya keneh di tanah ieu.
Anggur ku Kami rek dipake geusan nguji maranehanana, naha arek nurut ka Kami sakumaha karuhun-karuhunna atawa moal."
Ku lantaran kitu, eta bangsa-bangsa teh ku Mantenna diantep di tanah eta. Jaman Yosua jumeneng keneh oge eta bangsa-bangsa teh ku PANGERAN teu diwidian dielehkeun. Kitu keneh sanggeus Yosua pupus, eta bangsa-bangsa ku Mantenna teu diusir.