Hakim-hakim 3
Jadi di tanah eta teh aya keneh sababaraha bangsa anu ku PANGERAN dikarikeun, pikeun nguji urang Israil anu teu ngalaman peperangan di Kanaan.
Mantenna seja ngadidik ka tiap-tiap urang Israil turunan anu anyar tina hal peperangan, pangpangna ka anu sama sakali acan kungsi ngalaman perang.
Bangsa-bangsa nu araya keneh teh nya eta urang Pelisti di lima kota, urang Kanaan kabeh, urang Sidon jeung urang Hiwi di Pagunungan Libanon, ti semet Gunung Baal Hermon nepi ka jalan anu ka Hamat.
Eta bangsa-bangsa dianggo pikeun nguji Israil, naha rek nurut kana timbalan-timbalan PANGERAN ka karuhun-karuhunna anu ditimbalkeun ka Musa, atawa moal.
Ku kituna urang Israil teh aya di tengah-tengah urang Kanaan, urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus.
Heug pacorok jodo sarta nyarembah ka aallahan maranehanana.
Urang Israil poho ka PANGERAN Allahna, doraka ka Mantenna, ngabakti ka arca Baal jeung arca Asera.
PANGERAN jadi bendu, urang Israil ku Mantenna sina dielehkeun ku Raja Kusan Rishataim ti Mesopotami, terus dijajah ku eta dalapan taun lilana.
Seug urang Israil sasambat ka PANGERAN; Mantenna ngutus hiji pamingpin pikeun ngabebaskeun maranehanana, nya eta Otniel bin Kenas kapiputra Kaleb.
Otniel diauban ku Roh PANGERAN, tuluy jadi pamingpin Israil. Raja Mesopotami ku anjeunna eleh diperangan.
Geus kitu tanah eta jadi kerta, opat puluh taun lilana. Ti dinya Otniel pupus.
Urang Israil doraka deui ka PANGERAN. Ku hal eta PANGERAN ngersakeun Raja Eglon ti Moab jadi leuwih kuat ti batan Israil.
Raja Eglon ngahiji jeung urang Amon jeung urang Amalek, ngelehkeun Israil, ngarampas kota Yeriho, kota tangkal korma tea.
Urang Israil tuluy dijajah nepi ka dalapan belas taun.
Geus kitu urang Israil sasambat ka PANGERAN. Seug dikintun hiji pamingpin pikeun ngabebaskeun maranehanana, nya eta Ehud. Ari Ehud teh ngede. Anjeunna putra Gera ti kaom Binyamin. Urang Israil ngutus Ehud ka Moab, nganteurkeun upeti ka Raja Eglon.
Ehud geus ngadamel pedang anu dua pangadekna, panjangna meh satengah meter. Eta pedang disoren pageuh beulah katuhu jeroeun jubah.
Ehud angkat nyandak upeti ka Raja Eglon. Ieu raja kacida lintuhna.
Beres nyanggakeun upeti, jalma-jalma anu ngakut eta upeti ku Ehud dijurung terus marulang.
Ehud ku anjeun ti tempat batu-batu ukir di Gilgal malik deui ngadeuheus ka Eglon. Saurna, "Gusti Sang Raja! Jisim abdi seja ngunjukkeun hiji rasiah." Raja nimbalan ka abdi-abdina, "Maraneh kalaluar heula!" Tuluy abdi-abdina kalaluar.
Sanggeus raja calik nyalira di loteng paniisan, Ehud nyaketan bari saurna, "Sang Raja! Sim kuring ngemban pangandika Allah!" Neut sang raja ngadeg.
Serepet Ehud mesat pedang anu disoren di katuhu ku panangan kiwa, bles ditubleskeun kana beuteung raja,
ambles jeung perah-perahna bari kalimpudan deui ku gajih. Pedang teh ku Ehud teu dicabut, diantep sina nancleb dina beuteung raja, parat tembus kana palangkakan.
Geus kitu Ehud kaluar, panto loteng ditutup dikoncikeun,
terus anjeunna angkat. Abdi-abdi raja mireungeuh panto-panto narutup teh anggur nyangka yen raja di lebet eukeur leleson.
Sanggeus kesel narungguan sarta raja henteu bae muka panto, top maranehanana kana konci, panto dibuka. Ana bray, kasampak rajana geus teu nyawaan ngajolopong dina ubin.
Sabot abdi-abdi raja tarunggu, Ehud mah geus ngalolos ka Sira ngaliwatan tempat batu-batu ukir tea.
Sasumpingna ka daerah pagunungan Epraim, anjeunna niup tarompet ngumpulkeun balad Israil pikeun maju jurit, terus dipingpin mudun ti pasir.
Saurna ka prajurit-prajurit, "Hiap tuturkeun. Musuh aranjeun, urang Moab, ku PANGERAN geus diselehkeun ka aranjeun." Brul naluturkeun Ehud, tuluy ngarebut hiji tempat paranti urang Moab meuntasan Walungan Yordan. Taya hiji urang Moab anu bisa meuntas.
Poe eta urang Israil niwaskeun kurang leuwih sapuluh rebu perjurit Moab petinganana, taya hiji anu bisa luput.
Poe eta Moab dielehkeun ku Israil, saterusna tanah eta jadi kerta dalapan puluh taun lilana.
Sanggeus Ehud, nu jadi pamingpin teh Samgar bin Anat, anu ngajait Israil ku jalan ngabasmi genep ratus urang Pelisti ku iteuk paranti ngagebahkeun sapi.