:

Hakim-hakim 21

1

Basa urang Israil kumpul di Mispa, geus sumpah ka PANGERAN, pokna, "Abdi-abdi saurang ge moal aya nu ngidinan anak awewe dipibojo ku urang Binyamin."

2

Ku hal eta, ayeuna urang Israil kumpul di Betel, marando ka PANGERAN nepi ka peuting. Pok arunjukan bari tingsalegruk,

3

"Nun GUSTI ALLAH, Allahna Israil, ku naon abdi-abdi dugi ka kenging musibat kieu? Ku naon kaom Binyamin dugi ka kedah leungit ti Israil?"

4

Poe isukna maranehna gancang harudang nyieun altar, tuluy ngahaturkeun kurban karapihan jeung kurban anu diduruk.

5

Geus kitu pok nanya kieu, "Ti antara sakabeh kaom Israil, ti kaom mana anu henteu milu kumpul di payuneun PANGERAN di Mispa?" (Maranehanana geus ngikrarkeun hiji sumpah, sing saha anu henteu milu kumpul di Mispa pasti dipaehan.)

6

Urang Israil kacida prihatinna ku hal dulur-dulurna, kaom Binyamin. Aromongna, "Poe ieu hiji kaom ti Israil geus leungit.

7

Kumaha ngakalanana sangkan urang Binyamin anu harirup keneh baroga pamajikan? Urang geus kedal sumpah ka PANGERAN, anak urang anu awewe, anu mana bae, moal aya anu dibikeun dikawin ku maranehanana."

8

Waktu tadi ditanyakeun aya henteuna ti kaom-kaom Israil anu henteu milu kumpul di Mispa, kanyahoan yen anu ti Yabes wewengkon Gilad taya hiji anu datang.

9

Basa balad disebutan, ti Yabes mah taya jawaban ti saurang-urang acan.

10

Seug kumpulan teh nginditkeun dua belas rebu jelema anu pangwaranianana, di parentah kieu, "Bral paehan kabeh eta urang Yabes teh, awewe jeung barudakna oge ulah aya anu diiwalkeun.

11

Paehan sakabeh lalaki, paehan sakabeh awewe anu geus lain parawan."

12

Di antara urang Yabes, kapanggih ku maranehanana aya opat ratus parawan ngarora keneh, tuluy dibarawa ka pangkalan di Silo, di tanah Kanaan.

13

Ti dinya kumpulan ngirimkeun embaran ka urang Binyamin anu keur marubus di Cadas Rimon tea, yen perang geus eureun.

14

Eta urang Binyamin seug baralik, tuluy dibarere parawan urang Yabes anu saralamet tea. Tapi henteu mahi, kurang keneh.

15

Urang Israil ngarasa prihatin ku urang Binyamin, anu ku PANGERAN geus dipinggeskeun tina katunggalan kaom-kaom Israil.

16

Ti dinya para pamingpin kumpulan nyarita, "Di kaom Binyamin geus euweuh deui awewe. Kumaha petana nyiar pipamajikaneun keur anu acan kabagian?

17

Ulah nepi ka Israil kaleungitan salah saurang ti dua belas kaomna anu leungit. Urang kudu ihtiar sangkan kaom Binyamin bisa hirup terus.

18

Urang teu bisa ngidinan mojang-mojang urang dikawin ku urang Binyamin, sabab urang geus ngaragragkeun supata ka sing saha di antara urang anu mikeun anak awewena dikawin ku urang Binyamin."

19

Sanggeus malikir, maranehna nyarita kieu, "Aya jalanna, nya eta dina waktu pesta taunan kanggo PANGERAN, di Silo." (Silo pernahna kalereun Betel, kiduleun Lebona, wetaneun jalan antara Betel jeung Sekem.)

20

Geus kitu ceuk maranehanana ka urang Binyamin, "Los nyarumput ka ditu, ka kebon-kebon anggur,

21

awaskeun ti dinya. Di mana mojang-mojang Silo kalaluar rek ngaribing sapanjang pesta, gancang barijil ti panyumputan. Paksa tewak eta barudak awewe teh keur pipamajikaneun, bawa lumpat ka wewengkon Binyamin.

22

Upama bapana atawa dulur-dulurna nyarusul nembongkeun teu suka, jawab kieu, ‘Panuhun, ieu mojang-mojang teh ridokeun sina caricing di kuring keur pibojoeun, da dicokotna ti aranjeun teh lain ti pangperangan. Jeung ku lantaran aranjeun teu mikeun, aranjeun teu salah, teu ngalanggar jangji.’"

23

Urang Binyamin narurut, seug masing-masing milih mojang ti nu keur ngaribing di Silo, tuluy dibarawa. Geus kitu maranehanana marulang ka lemburna sorangan, ngadegkeun deui desa-desana, terus maratuh.

24

Bareng sawaktu jeung eta, urang Israil anu lianna oge marulang deui ka kaomna masing-masing, kumpul deui jeung kulawargana, hirup di tengah rajakayana sorangan.

25

Harita can aya raja di Israil. Unggal jalma hirupna nurutkeun sakahayang sorangan bae.

Link: