Hakim-hakim 4
Sanggeus Ehud pupus, urang Israil doraka deui ka PANGERAN.
Seug ku PANGERAN diselehkeun ka Yabin, raja Kanaan anu marentahna di kota Hasor. Panglima perangna ngaranna Sisera, cicingna di Haroset Hagoyim.
Yabin kagungan salapan ratus kareta perang tina beusi. Marentahna ka urang Israil dua puluh taun, kacida kerasna jeung bengisna. Urang Israil sasambat menta tulung ka PANGERAN.
Harita anu ngurus urang Israil teh hiji nabi istri jenengan Debora, istrina Lapidot.
Anjeunna biasa sok calik di handapeun hiji tangkal korma, antara Ramah jeung Betel di kota pagunungan Epraim. Urang Israil sok daratang ka anjeunna menta bongbolongan.
Dina hiji poe anjeunna miwarang sumping ka Barak bin Abinoam ti kota Kedes, wewengkon Naptali. Saur Debora ka anjeunna, "Ieu aya timbalan ti PANGERAN, Allah Israil pikeun anjeun kieu, ‘Kumpulkeun 10.000 urang jalma lalaki ti kaom Naptali jeung Sebulun, bawa ka Gunung Tabor.
Engke Sisera, panglima angkatan perang Yabin, ku Kami rek disina datang jeung sabaladna katut kareta-kareta perangna, rek merangan ka maneh di Walungan Kison. Tapi maneh ku Kami baris dibere kaunggulan dina eta perang.’"
Barak ngawalon, "Upami miosna sareng Ibu, mangga. Upami teu sareng Ibu mah moal mios."
Waler Debora, "Heug dibarengan ku Ibu. Tapi ari kitu mah hidep moal aya kasebutna, lantaran Sisera teh ku PANGERAN baris diselehkeun ka leungeun hiji awewe." Ti dinya Debora jengkar ka Kedes, nyarengan Barak.
Barak ngumpulkeun jelema ti kaom Sebulun jeung Naptali, tuluy maju ka Kedes diiring ku 10.000 urang, disarengan ku Debora.
Kocap Heber urang Keni turunan Hobab dahuan Musa tea, harita geus ngadegkeun kemah deukeut hiji tangkal kiara di Saanaim, misahkeun maneh ti urang Keni lianna.
Sisera geus nyahoeun yen aya Barak unggah ka Gunung Tabor,
geuwat ngumpulkeun balad katut kareta perangna anu salapan ratus, terus dikeprak ti Haroset Hagoyim ka Walungan Kison.
Ari saur Debora ka Barak, "Maju! PANGERAN anu mingpin hidep. Poe ieu Sisera baris taluk ka hidep." Barak jeung sapuluh rebu perjuritna turun ti Gunung Tabor.
Ari Sisera sabaladna kitu deui barisan karetana, barang breg diambreg ku balad Barak teh ku PANGERAN sina jadi pabaliut teu paruguh. Sisera ngajleng tina karetana, tuluy ngabecir kabur.
Balad jeung barisan karetana, ku Barak diobrot nepi ka Haroset Hagoyim, di dinya balad Sisera beak ditumpes taya nu ngari.
Ari Sisera kaburna muru ka pakemahan Yael, bojo Heber urang Keni tea, dumeh kulawarga Heber hirupna akur jeung Raja Yabin ti Hasor.
Yael norojol mapagkeun Sisera bari ngahaturanan linggih, pokna, "Mangga Juragan, lebet. Teu kedah asa-asa." Sisera asup, ku Yael dititah nyumput tukangeun reregan.
Sisera ngomong, "Cik kami menta cai, hayang nginum." Ku Yael diasongan cisusu, regot diinum, tuluy sina nyumput deui.
Ceuk Sisera ka Yael, "Maneh tunggu di lawang. Mun aya nu mapaykeun, bejakeun euweuh sasaha."
Ku bawaning cape, reup Sisera sare tibra pisan. Yael nyokot palu jeung pancuh kemah, tuluy nyampeurkeun Sisera ati-ati pisan. Jebrod palipisan Sisera dipaseuk ku talutug kemah, dipancuhkeun kana taneuh.
Ti dinya Barak ngarongheap seja milarian Sisera. Yael norojol mapagkeun bari haturan, "Tingali geura, jalmi anu dipilarian ku Juragan tea." Anjeunna asup ka jero kemah jeung Yael, kasampak Sisera ngajoprak dina taneuh geus teu nyawaan, palipisanana dipaseuk ku pancuh kemah.
Poe eta PANGERAN maparin kaunggulan ka urang Israil. Yabin raja Kanaan teh kasoran.
Ku urang Israil hantem dibeberik nepi ka ahirna binasa.