:

Hakim-hakim 5

1

Poe eta Debora jeung Barak bin Abinoam ngawihkeun ieu kidung:

2

Puji PANGERAN! Urang Israil geus milih jurit, rahayat bungah, rampak maju andon suka.

3

He raja-raja, darengekeun! He para kapala, raregepkeun! Kami rek ngawih jeung nabeuh bade ka lenggah Allah Israil, PANGERAN.

4

Nun PANGERAN, nalika Gusti jengkar ti pagunungan Seir, majeng nilarkeun wewengkon Edom, bumi genjlong, der hujan turun ti langit, ngagurujug tina mega.

5

Gunung-gunung araringgeung, payuneun Gustining Sinai payuneun PANGERAN Allahna Israil.

6

Keur jaman Samgar bin Anat, keur jaman Yael, ieu tanah tara disorang deui ku kapilah, nu lalumaku jalanna ka pasisian.

7

Kota-kota di Israil eusina suwung, Debora! Parongpong karosong. Ti dinya jol anjeun sumping, lir indung pikeun Israil.

8

Der di dinya aya perang, dumeh Israil nyembah ka allah nu anyar. Ti antara opat puluh rebu urang Israil, na aya nu maju, top kana tameng atawa top kana tumbak?

9

Hate kuring tibelat ka para panglima Israil, kagagas ku rahayat anu maju andon suka. Puji PANGERAN!

10

Pek hal eta caritakeun ku aranjeun, he anu tarumpak kalde bodas, he anu dariuk dina sela, he aranjeun, nu tuman leumpang badarat!

11

Tah dengekeun, jalma-jalma galecok deukeut tampian-tampian, nyaritakeun kaunggulan PANGERAN, nya kaunggulan-kaunggulan rahayat Israil! Ti dinya umat PANGERAN budal ti kota-kotana.

12

Pingpin, Debora, pingpin! Pingpin! Kawihkeun kidung! Pingpin! Maju, Barak bin Ahinoam, maju giringkeun para tawanan anjeun!

13

Jalma-jalma anu saratia daratang ka pamingpin-pamingpinna. Umat Allah dararatang ka Anjeunna, tararandang seja perang.

14

Daratangna ti Epraim, marudun ka lebak, nuturkeun kaom Binyamin, nu geus ngerid rahayatna. Tuh deui para panglima, daratang ti Makir, sarta para perwira, geus murubul ti Sebulun.

15

Para kokojo kaom Isaskar daratangna jeung Debora. Enya, Isaskar, kitu deui Barak, seug ditaluturkeun, marudun ka lebak. Tapi kaom Rubin mah ngarancabang antara milu jeung moal.

16

Anggur ngajarentul tukangeun domba-dombana. Naha arek ngadon ngadengekeun sora pangangon nyalukan domba-dombana? Enya kaom Rubin teh ngarancabang antara milu jeung moal.

17

Kaom Gad ge jongjon bae di peuntas wetan Walungan Yordan. Kaom Dan ukur ngawaskeun ti kapal. Kaom Aser jongjon bae di basisir, tingjarentul sisi laut.

18

Teu cara kaom Sebulun, teu cara kaom Naptali, ieu mah tararega kana pati, tarandang di medan perang.

19

Di Taanak, sisi Walungan Megido, raja-raja rame tarung, raja-raja Kanaan tarurun perang, parandene taya anu ngarampas barang perak.

20

Di langit, bentang-bentang milu perang, tingjorelat di awang-awang merangan Sisera.

21

Musuh beresih, palid ku banjir Walungan Kison, walungan anu biasana leuleuy. Kami baris maju terus, maju kalawan gagah perkosa!

22

Sora lumpatna kuda tingberetek, talapokna nejehan taneuh.

23

"Sumpahan Meros," lahiran malaikat PANGERAN, "sumpahan jelema-jelemana, lantaran taya nu datang ngabantu PANGERAN, henteu jaradi perjurit, teu milu tarung ngabantu Mantenna."

24

Yael, wanita nu pangbagjana. Eta bojo Heber bangsa Keni, wanita pangeusi kemah nu pangbagjana.

25

Sisera menta cai, ana sok cisusu, susu kekentelna, dina pinggan anu endah.

26

Leungeunna nu sabeulah ceg kana pancuh kemah, sabeulah deui ceg kana palu. Jebrod sirah Sisera dipancuh, palebah palipisanana.

27

Bru Sisera ngarumpuyuk, ngarempeyek dina suku Yael, di dinya ngarumpuyukna, nya di dinya ngajoprakna, paeh henteu obah deui.

28

Indung Sisera ngalelengo, ngalong ti tukangeun sarigsig jandela, bari pokna, "Naha si ujang karetana acan datang, kudana acan aya rentang-rentang?"

29

Dijawab ku inang nu pangpinterna, manehna oge ngalilipur maneh, mani pok deui, pok deui,

30

"Panginten nuju babagi, babagi heula barang jarahan, keur babagi mojang ka para perjurit, anu hiji, anu dua. Keur Sisera, anggoan nu arendah, kaen songket keur anggoeun prameswari."

31

Mugi sadaya musuh Gamparan, paehna sing cara kitu, nun PANGERAN. Mugi sadaya mitra Gamparan, maloncorong lir ibarat surya medal! Geus kitu tanah Israil teh kerta, opat puluh taun lilana.

Link: