Imamat 9
Dina poe kadalapanna, nya eta sanggeus beres upacara ngistrenan, Musa nyaur Harun sapala putra jeung para kokolot Israil.
Tuluy misaur ka Harun, "Ajengan kedah nyandak anak sapi jalu hiji keur kurban pamupus dosa, sareng domba jalu, duanana kedah anu mulus keur kurban beuleuman.
Urang Israil parentahkeun sina ngabantun embe jalu keur kurban pamupus dosa, anak sapi umur sataun hiji, sareng anak domba umur sataun hiji, masing-masing ulah aya cacadna, keur kurban beuleuman,
sapi jalu hiji, domba jalu hiji, keur kurban panarima. Ku maranehna kedah dikurbankeun ka PANGERAN, barengkeun sareng kurban kadaharan anu dicampur minyak. Margi dinten ieu PANGERAN bade nembongan ka urang Israil."
Sakur anu dipundut ku Musa geus sadia di hareupeun Kemah Tepangan. Urang Israil oge geus kumpul rek ngabakti ka PANGERAN.
Musa sasauran, "Maraneh ku PANGERAN ditimbalan kieu teh supaya engke narenjo kamulyaan Mantenna."
Saurna deui ka Harun, "Geura ngadeg caket altar, ngadamel kurban pamupus dosa sareng kurban beuleuman keur nyirnakeun dosa anjeun sareng dosa urang Israil. Kurban keur nyirnakeun dosa maranehna oge sanggakeun sakumaha timbalan PANGERAN."
Harun majeng kana altar tuluy meuncit sapi ngora tea keur kurban pamupus dosa anjeunna.
Getihna disodorkeun ku putra-putrana, clom anjeunna nganclomkeun ramo kana getih tuluy dioleskeun kana juru altar, kana tatandukanana. Getih sesana dibahekeun kana dasar liang altar.
Gajih, giginjel duanana jeung babagian ati anu pangalusna diduruk dina altar numutkeun timbalan PANGERAN ka Musa.
Ari daging jeung kulitna dibeuleumna di luareun pasanggrahan.
Ti dinya Harun meuncit sato kurban kasalahan keur nebus kaluluputan salirana. Getihna ku putra-putrana disodorkeun ka anjeunna. Eta getih ku anjeunna disiramkeun kana pongpok altar sakurilingna.
Sirah jeung babagian lianna ku putra-putrana disodorkeun ka anjeunna tuluy ku anjeunna dibeuleum dina altar.
Jeroan jeung pingping tukang duanana ku anjeunna dikumbah tuluy dibeuleum dina altar, dihijikeun jeung kurban beuleuman anu tadi.
Sanggeus eta tuluy nyanggakeun kurban pikeun urang Israil. Anu dikurbankeun pikeun nebus dosa maranehna nya eta embe. Embena dipeuncit tuluy dikurbankeun sakumaha halna kurban pikeun nebus dosana ku anjeun.
Geus kitu anjeunna nyandak deui sato pikeun kurban beuleuman, tuluy dikurbankeun sakumaha mistina.
Ti dinya anjeunna nyanggakeun kurban kadaharan. Tipungna dicandak sakeupeul tuluy dibeuleum dina altar, keur nambahan kurban kadaharan nu biasa sapopoe.
Geus kitu meuncit sapi jeung domba jalu tea, dijieun kurban panarima pikeun urang Israil. Getihna diasongkeun ka anjeunna ku putra-putrana, ku anjeunna disiramkeun kana pongpok altar sakurilingna.
Gajih sapi jeung gajih domba ku Harun diteundeun
dina luhur dada dua sato kurban tea, tuluy dibawa kabeh kana altar. Ari gajihna ku Harun diduruk dina altar.
Dada jeung pingping tukang kabeh disanggakeun ka PANGERAN, engkena jadi bagian pikeun para imam sakumaha anu dipiwarang ku Musa.
Sanggeus sagala kurban beres dijalankeun, Harun ngajungjungkeun panangan ka urang Israil, ngucapkeun berkah. Geus kitu jut lungsur.
Ti dinya Musa jeung Harun lalebet ka jero Kemah Tepangan. Barang kaluar deui seug aranjeunna ngucapkeun berkah pikeun urang Israil. Geus kitu bray bae kamulyaan PANGERAN nembongan ka sakabeh urang Israil.
Gur aya seuneu ti PANGERAN nyamber jeung ngalebur kurban beuleuman jeung gajih dina altar. Barang urang Israil narenjo hal eta, ger bae sarurak, tuluy sarujud.