Ku naon tebih, nun PANGERAN? Ku naon nyumput waktos abdi-abdi kasesahan?
2
Nu jarahat reujeung angkuh nindes ka nu balangsak; eurad eta jelema-jelema teh ku jiretna sorangan.
3
Nu jarahat nyombongkeun napsu-napsu jahatna, nu harawek nyapa sareng nganistakeun PANGERAN.
4
Jalma jahat teu malire ka PANGERAN; ceuk pikirna anu sombong Allah teh euweuh.
5
Nu jarahat teh naranjung dina sagala hal. Maranehna teu bisa ngarti kana hukum Allah, ka musuh salawasna nguntup.
6
Hatena takabur, "Aing moal bisa gagal, moal keuna ku balangsak."
7
Eusi omonganana panyapa, tipu, ancaman; kecap-kecapna pinuh ku kangewa jeung jahat.
8
Maranehna nyarumput di lembur-lembur, niat ngabinasa ka nu henteu salah, ngadodoho jelema nu taya dayana,
9
ngabongohan ti panyumputanana cara singa. Ngadepong ngadago jalma malarat, nu balangsak dieuradan terus digusur.
10
Korban-korbanna ngalungsar taya dayana, eleh ku kabedasanana.
11
Si jahat ngomong sorangan, "Allah cicing bae! Peureum bae, moal nenjoeun ka aing!"
12
Nun PANGERAN, hukum eta nu jarahat teh! Sing emut ka nu balangsak!
13
Ku naon nu jahat teh nepi ka bisa nyacampah ka Allah, majar maneh, "Aing ku Allah moal dihukum?"
14
Nanging Gusti teh ningali; malire ka nu sangsara sareng lara, tur sayagi nulungan. Nya ka Gusti sumerahna nu teu walakaya teh. Gusti salamina ngabela ka jalmi miskin.
15
Basmi kakawasaan nu jahat sareng nu doraka teh, hukum kajahatanana, sangkan ulah deui-deui.
16
PANGERAN teh raja sapapanjangna. Anu nyarembah ka allah-allah sejen bakal musna ti tanahna.
17
Nun PANGERAN, Gusti kersa ngadangu panyambatna jalmi laip, negerkeun hatena.
18
Gusti kersa ngadangukeun panyambat jalma pahatu, kersa mirosea jumeritna nu dikakaya. Gusti kersa ngabela maranehna; dugi ka moal aya deui manusa anu nganiaya ka maranehna.