Jabur 9
Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Mut Laben. Jabur Daud. (9-2) Kalayan hate mantep, nun PANGERAN, abdi sumeja muji ka Gusti, sareng seja ngamashurkeun padamelan Gusti anu araheng.
(9-3) Ku karana Gusti, abdi bingah sumeja nyanyi. Sumeja nyanyi muji ka Gusti, nun Allah Nu Maha Kawasa.
(9-4) Musuh-musuh abdi bubar birat barang naringal Gusti tembong, tingjarungkel paraeh.
(9-5) Gusti ngahukum kalawan adil tur jujur, parantos ngabelaan perkawis abdi.
(9-6) Gusti parantos ngahukum bangsa-bangsa nu jarahat parantos dibasmi, moal aya nu nginget-nginget deui.
(9-7) Musuh-musuh parantos musna sapapaosna, kota-kotana ku Gusti parantos diancurkeun, moal aya deui nu mikaeling.
(9-8) Demi PANGERAN mah raja salalanggengna, tahta pangadilana-Na geus nanjeur.
(9-9) Anjeunna marentah dunya kalayan adil, ngahakiman bangsa-bangsa ku kaadilan.
(9-10) PANGERAN teh pananggeuhan keur sakur nu ditindes, panyalindungan dina mangsa susah.
(9-11) Anu tarerang ka Gusti, nun PANGERAN, bakal ngaharep ka Gusti, sugri anu marek ku Gusti tara ditolak.
(9-12) Sanggakeun puji ka PANGERAN, anu marentah di Sion! Mashurkeun padamelana-Na ka sakumna bangsa-bangsa!
(9-13) Allah emut ka nu sangsara, henteu lali kana panyambatna, sareng ngahukuman jalma-jalma nu nyiksa ka maranehna.
(9-14) Duh PANGERAN, mugi aya piwelas! Tingali talajak musuh anu nyangsara ka abdi! Nun PANGERAN, jait abdi tina ajal.
(9-15) Supados abdi tiasa nangtung hareupeun urang Yerusalem, nembongkeun kabungah parantos disalametkeun ku Gusti.
(9-16) Bangsa-bangsa nyarieun lombang, maranehna anu tigebrus, beunang ku pitapakna sorangan.
(9-17) PANGERAN ngebrehkeun anjeun ku putusan hukum-Na nu adil, nu daroraka teh cilaka ku polahna sorangan.
(9-18) Nya paeh bagian nu jarahat mah, bagian jelema anu narolak ka Allah.
(9-19) Nu balangsak moal salilana diantep; moal salilana pangarep-ngarep nu laip disina remuk.
(9-20) Sumping, nun PANGERAN! Tong diantep manusa sombong ka Gusti! Kempelkeun maranehna ka payuneun, umumkeun hukumanana.
(9-21) Sina sarieuneun, nun PANGERAN, sina ngarasaeun yen manehna teh saukur manusa.