Jabur 105
Mulyakeun PANGERAN, sambat jenengana-Na, mashurkeun padamelana-Na ka sakumna umat;
sanggakeun pupujian jeung lalaguan ka Mantenna, caritakeun sagala karyana anu pikahelokeun.
Kudu bungah yen urang teh umat kagungana-Na, sakur nu ngabakti ka PANGERAN sing suka ati.
Kudu neneda ka PANGERAN katut pangawasa-Na, salawasna ulah jauh ti hadirat-Na.
Sing aringet kana mujijat-mujijat Mantenna nu enggeus-enggeus, kitu deui kana tanda-tanda aheng jeung hukum tina lambe-Na,
he turunan Ibrahim, abdi-Na, he rundayan Yakub, anu ku Mantenna kapilih!
Mantenna teh PANGERAN, Allah urang, timbalan Mantenna tumerap di sakuliah jagat.
Mantenna salalanggengna ge satia kana jangji-Na, timbalan nu dikeunakeun ka sarebu turunan,
jangji anu ku Mantenna disimpay sareng Ibrahim, jeung anu dijadikeun sumpah ka Isak,
oge eta jangji-Na teh dibeungkeutkeun ka Yakub jadi papagon, sarta dijadikeun jangji anu langgeng ka Israil,
kieu dawuhana-Na harita: "Maneh rek dibere tanah Kanaan, jadi milik pusaka keur maneh."
Harita bilangan umat Allah saeutik keneh, masing sakumbuhan leutik tur ayana di dunyana ukur numpang,
jeung masih pipindahan ti nagara ieu ka nagara itu, ti karajaan ieu ka karajaan itu.
Tapi sing saha bae ku Mantenna teu diantep nganiaya maranehna, raja-raja nu nyusuker ka maranehna ku Mantenna dibendon,
timbalana-Na: "Ulah wani-wani ngagunasika umat pilihan Kami, sarta nabi-nabi Kami teu meunang diganggu."
Waktu eta nagara ku Mantenna digebug ku paceklik, sarta saniskara bahan dahareun dimusnakeun,
Mantenna ngiangkeun heula hiji jalma pikeun jadi jalan, nya eta Yusup, ku jalan dijual jadi abdi;
anjeunna dibelok, sampeanana dibangbaluhan, dikongkorongan rante beusi,
nepi ka cunduk waktuna, panorahna ngabukti, cocog sakumaha pituduh PANGERAN ka anjeunna.
Tuluy raja Mesir, ngaluarkeun anjeunna ti jero panjara, eta pangereh bangsa-bangsa teh ngabebaskeun anjeunna.
Tuluy disina ngajalankeun pamarentahanana, dikawasakeun marentah sakuliah nagri,
kawasa ka para ponggawa raja, sarta wenang marentah ka para jurunasehat raja.
Ti dinya Yakub sumping ka Mesir, tanah Ham, sarta lajeng matuh bubuara di dinya,
ku Mantenna dikersakeun jadi jembar baranahan, malah jadi leuwih kuat batan satruna.
Pikir satruna ku Mantenna dirobah jadi ijid ka umat-Na, abdi-abdi Mantenna ku maranehna ditipu diperdaya.
Mantenna ngutus Musa, abdi-Na, disarengan ku Harun, anu kapilih ku Mantenna.
Aranjeunna ngayakeun tanda-tanda aheng tumut sapituduh PANGERAN, jeung mujijat-mujijat di sakuliah tanah Mesir tea.
Mantenna nurunkeun pepeteng, reup poek ngajumbleng; tapi bangsa Mesir tetep wangkelang kana timbalana-Na.
Mantenna ngarobah sakabeh cai di sakuliah tempat di dinya, ngajadi getih, laukna disina paraeh,
geus kitu tanahna sina pinuh ku bangkong, malah pinuh nepi ka karaton raja.
Allah nimbalan, breng laleur jeung rambetuk nararapuk di sakuliah nagri.
Hujan di eta nagri ku Mantenna dirobah jadi hujan es jeung kilat.
Pelak anggurna, pelak kondangna, diburak-barik, kakayon-kakayon dirungkad-rungkadkeun.
Mantenna nimbalan, brul datang simeut, lobana tanpa wilangan;
ngaharakanan sakabeh pepelakan di eta tanah sakabeh hasil bumi beak digalaksak.
Mantenna maehan sakabeh anak cikal lalaki ti unggal kulawarga urang Mesir.
Lajeng umat-Na dicandak budal, rebo ku emas perak, tur kabeh sarehat marulus.
Sanggeus maranehna budal, urang Mesir barungah hatena, sabab geus baroga rasa sieun ku maranehna teh.
PANGERAN meberkeun mega pikeun jadi iuh-iuh, jeung ngayakeun tihang seuneu pikeun nyaangan ari peuting.
Maranehna neneda, Mantenna ngadatangkeun aleutan puyuh, sarta maranehna dipiseubeuhan ku roti ti sawarga.
Mantenna meulah karang, golontor kaluar cai, terus ngocor di gurun keusik kawas walungan.
Eta lantaran Mantenna ngemutkeun jangji suci-Na ka Ibrahim abdi-Na.
Kitu Mantenna nuyun umat-Na budalan, sarta maranehna nyaranyi, sarurak.
Ku Mantenna dipaparin tanah bangsa-bangsa lian, lahan-lahanna dimilikkeun ka maranehna tea,
sangkan maranehna tuhu kana hukum-hukum-Na, jeung ngestokeun sagala parentah Mantenna. Mulyakeun PANGERAN!