Jabur 106
Puji PANGERAN! Sukurkeun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, asih-Na salalanggengna.
Saha nu sanggup nyaturkeun sagemblengna kawasaning PANGERAN, saha nu bisa puas muji kaagungana-Na?
Jamuga sing saha anu tuhu kana hukum, anu salawasna migawe nu bener.
Mugi emut ka abdi, nun PANGERAN, numutkeun karidoan manah ka nu jadi umat, mugi abdi dilayad, dipaparin kasalametan ti Gusti,
sangkan tiasa nyaksian kajembaran umat anu ku Gusti dipilih, ngiring suka dina kabagjaan umat Gusti, ngiring reueus sareng umat kagungan Gusti.
Abdi sadaya parantos dosa, sami sareng karuhun, parantos nyieun kajahatan sareng kadorakaan.
Karuhun abdi-abdi di Mesir henteu ngartoseun kana padamelan Allah anu araheng teu areling kana piwelas-Na anu sering dibuktoskeun, anggur ngaralawan ka Nu Maha Kawasa, di Laut Beureum.
Najan kitu ku Mantenna disalametkeun, demi nedunan jangji-Na, geusan ngabuktikeun pangawasa-Na.
Laut Beureum ku Mantenna ditimbalan supaya saat ngoletrak, maranehna dipeuntaskeun nyorang dasar laut, teu beda jeung ti di darat.
Ku Mantenna diluputkeun tina kawasa nu mikangewa, diluputkeun tina kawasaning musuh;
sabab satru-satruna teh kaliputan ku laut, nepi ka taya nu kari saurang-urang acan.
Kakara maranehna percaya kana jangji-Na, tuluy maruji sukur ka Mantenna.
Tapi gampang pisan parohona kana pitulung-pitulung Mantenna, jeung embung ngadago kuma pituduh-Na;
di gurun keusik maranehna karanjingan hawa napsu, nepi ka ngadaroja ka Allah.
Sakahayangna ku PANGERAN dicumponan, tapi bari dibarengan ku pagebug.
Waktos di gurun keusik, maranehna sirik ka Musa sareng ka Harun, abdi PANGERAN.
Wag bumi beulah, nyapluk Datan, sakulawarga Abiram kabeh karuwang.
Gur aya seuneu, ngalentaban gorombolan maranehna, nu daroraka teh kaduruk gareheng.
Di Sinai maranehna nyieun tironan anak sapi, seug arca jijieunanana teh disarembah;
kamulyaan Allah ku maranehna ditukeurkeun kana arca sato anu nyatuna jukut.
Geus lat poho ka Allah, nu jadi Jurusalametna, nu geus midamel kajadian-kajadian aheng basa di Mesir,
nu midamel mujijat-mujijat basa di tanah Ham, jeung mintonkeun karongkahan di basisir Laut Beureum.
Kitu nu matak Mantenna ngadawuh — maranehna teh rek dibasmi, kabujeng ku Musa, abdi Mantenna, nu ngadeuheus mangnedakeun pangampura, nepi ka teu tulus dibasmina teh.
Maranehna nampik tanah anu sakitu hadena, da teu ngandel kana jangji Mantenna;
heug tinggelendeng di pangrerebanana, arembung ngadenge gentra PANGERAN.
Ku kituna PANGERAN sumpah ngangkat panangan, maranehna rek disina tingjaloprak di gurun keusik,
sarta turunana sina paburencay ka bangsa-bangsa lian, sarta sina bacacar paraeh di nagri-nagri asing.
Tuluy maranehna nyarantel maruhit ka Baal Peor, jeung ngadalahar sasajen pikeun arwah dewa-dewa.
Peta maranehna kitu ngajaheutkeun manah PANGERAN, lajeng ku Mantenna digebug ku sasalad.
Neut Pinehas tandang, nu baroga dosa dihukum, sasalad jadi sirep.
Pitandang anjeunna kitu, turun-tumurun salalawasna dipieling jadi picontoeun.
Maranehna nyieun pibendueun Mantenna di cinyusu Meriba, balukarna Musa jadi kahukum ku kalakuan maranehna,
maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur.
Maranehna henteu maehan para pamuja brahala, parentah PANGERAN kitu ku maranehna teu diturut,
kalah ka pacorok jodo jeung maranehna, sarta niru adat eta jalma-jalma anu teu nyaho ka Allah.
Umat Allah teh ngabarakti ka brahala, ngalantarankeun maranehna cilaka.
Maranehna ngurbankeun anak-anakna nu lalaki, nu awewe, dijieun kurban ka brahala-brahala tanah Kanaan.
Barudak nu taya salahna teh ku maranehna diparaehan sarta tanahna teh ku eta tukang-tukang maehan dinajiskeun.
Maranehna geus nganajiskeun maneh ku kalakuanana, henteu saratia deui ka Allah.
Ku sabab eta PANGERAN bendu ka umat-Na, jadi geuleuh ka maranehna.
Tuluy diselehkeun kana kakawasaan para pamuja brahala, jadi dibawah ku musuh-musuhna.
Ku musuh-musuhna digencet, ditundukkeun sama sakali kana kakawasaanana.
Sering pisan PANGERAN ngaluputkeun umat-Na, tapi maranehna anggur milih ngalawan ka Mantenna beuki jero tilelepna dina dosa-dosana.
Tapi ana maranehna sasambat ku PANGERAN didangu, kasusahna diperhatoskeun.
Demi maranehna, Mantenna emut kana perjangjiana-Na, sarta ku sabab kacida asiheuna-Na ka maranehna, Mantenna henteu ngabengisan deui.
Sakur anu ngagencet ka maranehna, ku Mantenna disina jadi malik mikarunya.
Salametkeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, candak wangsul ti bangsa-bangsa lian, supados tiasa nganuhunkeun sareng ngamulyakeun, jenengan Gusti nu suci.
Mulyakeun PANGERAN, Allah Israil, mulyakeun Mantenna ti ayeuna, salalanggengna! Hayu sarerea nyarebut, "Amin!" Mulyakeun PANGERAN!