:

Jabur 107

1

"Haturkeun nuhun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, kaasih-Na langgeng!"

2

Pindo ieu omongan, pikeun muji PANGERAN, he sakur anu geus disalametkeun ku Mantenna! Mantenna geus ngaluputkeun maraneh ti musuh-musuh,

3

jeung geus mulangkeun maraneh ti nagri-nagri asing, ti wetan jeung ti kulon, ti kaler jeung ti kidul.

4

Aya nu uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak, teu manggih jalan ka kota geusan enggon matuh,

5

kalaparan jeung halabhab, sirna pangharepanana.

6

Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

7

ditungtun ka jalan anu lempeng, sina narepi ka kota geusan enggon matuhna.

8

Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

9

Nu halabhab disina puas ngarinum, anu lapar dieusian ku nu harade.

10

Sawareh hirup di nu reyem-reyem, paroek, para tahanan sangsara nyandangan rante.

11

Ku lantaran ngalawan kana timbalan Allah, Nu Maha Kawasa, jeung nolak parentah-parentah Mantenna.

12

Maranehna raripuh ku gawe beurat, nepi ka ngusruk lalabuh, tapi taya nu nulungan.

13

Keur sangsara kitu maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

14

dikaluarkeun ti tempat anu reyem-reyem jeung poek, rante-rantena dipepejet.

15

Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

16

Mantenna ngabejadkeun panto-panto tambaga, jeung mingges-minggeskeun jaruji-jaruji beusi.

17

Sawareh deui garejul, hirupna sangsara ku tina dosa-dosana, jeung ku sabab kajahatanana;

18

nepi ka kana kadaharan ge teu tahan nenjo-nenjo acan, sarta ajalna geus dareukeut.

19

Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

20

dicageurkeun ku timbalana-Na, sarta dijait tina liang kubur.

21

Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN, anu taya kendatna kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

22

Maranehna kudu nganuhunkeun ka Mantenna ku kurban-kurban jeung ku lagu-lagu gumbira anu nyaritakeun sagala hal anu dipidamel ku Mantenna.

23

Sawareh nempuh lautan ku kapal-kapal, nareangan napkahna di laut-laut.

24

Maranehna narenjo hal-hal anu dipidamel ku PANGERAN, karya mujijat Mantenna di laut-laut.

25

Mantenna nimbalan, gelebug angin ribut niup, ombak motah pagulung-gulung,

26

kapal-kapal kaampulkeun ku cai nu mumbul luhur lep neundeut tilelep jero; ku bahla nu kawas kitu, jalma-jalma kabur pangacianana

27

tingdaligdeug tingjolongjong kawas nu mabok, beak dengkak, taak sagala dayana.

28

Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana.

29

Angin ribut ku Mantenna dieureunkeun, ombak dilelerkeun.

30

Maranehna atoh dumeh laut geus anteng, ku Mantenna tuluy dituyun ka palabuan anu dituju.

31

Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

32

Maranehna kudu ngabewarakeun kaagungan Mantenna di pakumpulan jalma-jalma sarta muji Mantenna di rengrengan pamingpin.

33

PANGERAN ngarobah walungan-walungan disina saraat ngoletrak cinyusu-cinyusu marangpet teu ngaburial deui,

34

tanah subur ngajadi tanah tuhur jeung ngandung uyah, lantaran jahatna jelema-jelema anu caricing di dinya.

35

Mantenna ngarobah gurun keusik sina jadi empang-empang cai, tanah tuhur jadi pinuh ku cinyusu.

36

Jalma-jalma lapar ku Mantenna ditempatkeun di dinya, nyarieun kota geusan pamatuhanana.

37

Maranehna nebaran lahan jeung marelak anggur, tuluy dipupu, beubeunanganana mucekil.

38

Mantenna ngaberkahan umat-Na, jadi rekah baranahan, ingon-ingonna disina tambah ngarekahan.

39

Waktu umat Allah kasoran, hina, sangsara, lantaran digencet pohara telengesna,

40

nu ngagencetna ku Mantenna dihina, disina uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak.

41

Sabalikna Mantenna ngajait anu mariskin tina kabalangsakanana, sarta kulawargana disina baranahan kawas kumbuhan domba.

42

Jalma balener narenjo hal ieu teh barungaheun, sabalikna nu jarahat mah teu kecet-kecet.

43

Muga hal ieu dipalikiran ku nu barijaksana, muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna.

Link: