:

Jabur 108

1

Lagu. Jabur Daud. Abdi percaya sagemblengna ka Gusti, nun Allah, seja nyanyi sareng muji ka Gusti! Hudang, eh nyawa!

2

Geura nyaring, he kacapi jeung siter, kami rek ngahudangkeun panonpoe.

3

Nun PANGERAN, abdi seja nganuhunkeun ka Gusti di satengahing bangsa-bangsa, seja muji Gusti di tengah umat manusa.

4

Welas asih Gusti maratan cakrawala, kasatiaan Gusti maratan angkasa.

5

Tembongkeun kaagungan Gusti di langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sumiratkeun ka sakuliah jagat.

6

Salametkeun abdi sadaya ku pangawasa Gusti, dangukeun paneda abdi, supados umat kaasih Gusti kajait.

7

Ti kasuciana-Na Allah ngadawuh, "Kalawan digjaya Kami rek mecah Sekem, jeung rek ngabagikeun Lebak Sukot ka umat Kami.

8

Gilad boga Kami, kitu oge Manase. Epraim balakutak Kami, ari Yuda teteken karajaan Kami.

9

Tapi Moab mah rek dijieun kobokan Kami sarta Kami rek maledogkeun tarumpah ka Edom, pikeun tanda yen eta jadi milik Kami. Kami rek nyurakkeun kaunggulan ka urang Pelisti."

10

Nun Allah, saha anu baris mawa abdi ka jero kota benteng? Saha nu baris mingpin abdi ka Edom?

11

Naha leres Gusti nolak ka abdi sadaya? Naha moal angkat nyarengan balad urang?

12

Tulungan abdi sadaya ngayonan musuh, margi pitulung manusa mah gaplah.

13

Reujeung Allah di gigireun, urang baris unggul, Mantenna baris ngelehkeun musuh urang.

Link: