Jabur 109
Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Nun Allah, anu ku abdi dipuji, Gusti ulah mindel bae!
Nu jarahat sareng tukang bohong narajang ka abdi, nyebarkeun carita bohong perkawis abdi,
sareng ngomongkeun jahat hal diri abdi, teu puguh-puguh narajang.
Ka abdi ngaralawan, sakitu abdi nyaah sareng sok mangnedakeun maranehna.
Kahadean abdi dipulangna ku kajahatan, kanyaah abdi dipulangna ku kangewa.
Pilih sawatara hakim curang, sina nguji musuh abdi, sareng sina didakwa ku salah saurang musuh manehna.
Mangka manehna sing kauji sareng kapendak kasalahanana, mangka ucap pamentana ge sing dianggap mangrupa kajahatan!
Mangka hirupna sing tereh enggeusan, pangkatna sing diandih ku nu lian!
Mangka anak-anakna sing jaradi yatim, pamajikanana sing jaradi randa!
Mangka anak-anakna sing ulah baroga imah, jaradi tukang jajaluk, sing dibuburak ti ruruntuk imahna.
Mangka harta bandana sing dijabel ku nu ngahutangkeun, beubeunangan digawena sing dicokot ku jalma asing.
Mangka sing ulah aya nu ha’at ka manehna sing ulah aya nu watir ka anak-anakna nu geus ditinggalkeun.
Mangka turunanana sing tumpur ludes, ngaranna sing dipohokeun ku turunan pandeurieunana.
Mangka kajahatan karuhunna sing kaemut-emut ku PANGERAN, sarta dosa-dosa indungna sing ulah dihampura.
Mangka dosa-dosa maranehna salawasna sing kaemut ku PANGERAN, sabalikna maranehna sorangan mah sing kapopohokeun sama sakali!
Eta jalma tara mikir hayang jadi jalma bageur, sok nganiaya jeung maehan jalma miskin, jalma sangsara, jeung jalma nu teu boga daya.
Karesepna nyumpahan — mangka dirina sorangan sing aya anu nyumpahan. Cadu ngaberkahan — mangka dirina ge sing ulah aya anu ngaberkahan!
Manehna geus biasa nyapa, cara geus biasa dangdan, mangka panyapana sing nyerep ka dirina kawas cai rembes, sing nyerep kana balung-balungna kawas minyak!
Sing mungkus kana awakna jadi bajuna, sing meulit kana cangkengna, jadi sabukna salilana!
Nun PANGERAN, hukum musuh-musuh abdi kawas kitu, sakur anu ngagogoreng abdi sapertos kitu.
Sawangsulna nun PANGERAN Nu Maha Agung, tulungan abdi, sakumaha jangji Gusti, luputkeun abdi, demi kasaean sareng kaasih Gusti.
Abdi teh miskin sareng balangsak, hate raheut jero pisan.
Lir kalangkang wanci sore, abdi bakal tereh sirna sapertos insekta nu dikebutkeun.
Tuur nyorodcod lantaran kurang dahar, awak kantun tulang sareng kulit.
Jalmi-jalmi nu naringal nyaleungseurikeun, garogodeg ngahinakeun.
Tulungan, nun PANGERAN, Allah abdi, demi kaasih Gusti nu taya kendatna, salametkeun abdi!
Musuh-musuh abdi sina tarerangeun, yen anu nyalametkeun abdi teh Gusti.
Sawios maranehna nyarapa ka abdi, nanging Gusti mah mugi ngaberkahan. Mugi anu ngadarakwa abdi areleh, sawangsulna abdi Gusti mah sing tiasa bungah.
Mugi musuh-musuh abdi nandang kahinaan, sing karungkup ku wiwirang lir katutup ku jubahna.
Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN masing tarik, seja muji Mantenna dina pagempungan jalma rea,
karana Mantenna ngaraksa ka jalma miskin, disalametkeun ti jalma-jalma anu ngaragragkeun hukum pati ka dirina.