:

Jabur 110

1

Jabur Daud. PANGERAN ngadawuh kieu ka raja gusti kaula: "Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep."

2

PANGERAN ti Sion bakal ngalegakeun karajaan Jeng Gusti, dawuhana-Na, "Geura ereh musuh-musuh hidep."

3

Dina dintenan Gusti merangan musuh, rahayat baris maju sukarela. Lir ibun turun enjing-enjing para taruna baris darongkap ka Gusti di pasir suci.

4

PANGERAN jangji nganggo sumpah tur hamo dicabut deui, "Hidep baris jadi imam salalanggengna, sakumaha Melkisidik."

5

PANGERAN aya di tengeneun Jeng Gusti, ana Mantenna bendu, raja-raja pasti areleh.

6

Mantenna baris ngahukum bangsa-bangsa, medan perang bakal disina pinuh ku mayit, raja-raja sakuliah bumi baris dielehkeun.

7

Sang raja bakal ngaleueut ti susukan sisi jalan, kakiatanana pulih deui, bakal terus unggul.

Link: