:

Jabur 111

1

Puji PANGERAN! Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saiklas-iklasna, dina pagempungan umat-Na.

2

Estu aheng padamelan-padamelan PANGERAN! pantes mun diaraji ku sakur nu kataji.

3

Dadamelana-Na estu mulya sarta agung, tur kaadilana-Na langgeng.

4

PANGERAN moal kersaeun urang poho kana damel-Na anu araheng; Mantenna sae jeung welasan.

5

Mantenna ngarijkian ka sakur anu ngahormat, tur tara lali kana perjangjiana-Na.

6

Mantenna geus nembongkeun kakawasaan ka umat-Na, ku jalan masihkeun ka maranehna tanah milik bangsa-bangsa lian.

7

Dina sagala damelna Mantenna satia jeung adil sagala parentah-Na beunang dipercaya,

8

tahan dina sagala jaman, diparentahkeunana kalawan sayakti jeung adil

9

Mantenna ngabebaskeun umat-Na, sarta ngayakeun perjangjian langgeng jeung maranehna. Mantenna estu suci tur hebat!

10

Saha-saha anu hayang jadi jalma bijaksana, kudu hormat ka PANGERAN. Mantenna baris maparin pangarti anu sehat ka anu ta’at kana parentah-Na. Mantenna layak dipuji salalanggengna.

Link: