:
1 Puji PANGERAN! Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.
2 Anak-anak jalma hade bakal kawasa di jero nagri turunanana bakal diberkahan.
3 Kulawargana bakal makmur sugih mukti, hade milik salalawasna.
4 Jalma hade, nu karunyaan, bageur, jeung adil, di nu poek bakal meunang sinar caang.
5 Bagja jalma anu daek nulung mere nginjeum, sarta jujur dina ngajalankeun usahana.
6 Jalma hade hamo gagal, sarta salalawasna bakal kapieling.
7 Manehna moal rentag ku beja imanna tabah tur percaya ka PANGERAN.
8 Hatena teu salempang, teu hariwang, sabab ngarasa yakin yen musuhna baris eleh.
9 Ka nu miskin daek mere reujeung murah hate, kahadeanana moal aya batalna, hirupna bakal kawasa jeung diajenan.
10 Nenjo kaayaanana kitu, nu jarahat arambekeun, tingpendelik arijideun, tuluy musna, harepanana mudedes salalawasna.