:

Jabur 113

1

Puji PANGERAN! He abdi-abdi PANGERAN, paruji jenengan Mantenna!

2

Mugia diparuji jenengana-Na ti ayeuna nepi ka salalanggengna.

3

Ti wetan nepi ka kulon, paruji jenengan PANGERAN!

4

PANGERAN marentah ka sakabeh bangsa, kamulyaana-Na ngaluhuran langit.

5

Taya pisan nu saperti PANGERAN, Allah urang. Panglinggihana-Na di puncakna luhur,

6

tapi Mantenna dongko ningali ka langit jeung bumi.

7

Mantenna nyengkatkeun anu miskin tina lebu, ngangkat nu masakat tina kabalangsakan,

8

sina satata jeung para pangeran, nya eta para pangeran di kalangan umat-Na.

9

Mantenna ngurniaan ibu rumah tangga anu gabug, dibagjakeun dipaparin anak. Puji PANGERAN!

Link: