:

Jabur 114

1

Waktu urang Israil budal ti Mesir, waktu turunan Yakub naringgalkeun eta tanah asing,

2

Yuda dijadikeun umat sucina PANGERAN, Israil dijadikeun milik kagungan Mantenna.

3

Laut Beureum mireungeuh, tuluy ngejat, Walungan Yordan ngocorna eureun.

4

Gunung-gunung tingarancul cara embe, pasir-pasir tingalajret cara anak domba.

5

Aya naon Laut, make ngejat? Jeung maneh, Walungan Yordan, ku naon make eureun ngocor?

6

Maneh gunung-gunung, ku naon tingarancul cara embe? Maneh pasir-pasir, ku naon tingalajret cara anak domba?

7

He bumi, hayoh gumeter dina sumpingna PANGERAN, di payuneun Allahna Yakub,

8

nu ngarobah gunung cadas ngajadi situ, gunung batu ngajadi cinyusu.

Link: