:
1 Lagu paranti jarah. Waktu keur kasusahan, kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna didangu.
2 Nun PANGERAN, salametkeun abdi ti jalma-jalma tukang bohong sareng tukang tipu.
3 Eh tukang-tukang bohong, baris dikumahakeun cik maraneh ku Allah? Naon cik hukuman ti Mantenna?
4 Jamparing-jamparing lancip hiji prajurit, ruhak ruhay!
5 Hirup ngahiji jeung maraneh, sarua cilakana jeung cicing di Mesek, atawa hirup reujeung jeung urang Kedar.
6 Geus liwat ti lila kaula hirup jeung jelema anu ceuceub kana karapihan!
7 Mun kaula ngomong sual karapihan, maranehna mah hayang perang.