:

Jabur 121

1

Lagu paranti jarah. Kaula mencrong gunung-gunung; ti mana baris datangna pitulung kaula?

2

Pitulung ka kaula datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.

3

Mantenna moal ngantep anjeun tiguling, panyalindungan anjeun salawasna nyaring.

4

Panyalindungan Israil leleyepan ge tara, sumawonna kulem.

5

PANGERAN ngaraksa ka maneh, salawasna aya di gigireun, nangtayungan.

6

Maneh ti beurang moal nepi ka kumaha onam ku panonpoe, atawa ku bulan lamun ti peuting.

7

Ku PANGERAN tangtu ditangtayungan tina picilakaeun, maneh aman dijaga.

8

Dina datang dina indit maneh ditangtayungan ku Mantenna, ayeuna jeung salalawasna.

Link: