:
1 Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kaula bungah waktu maranehna ngomong ka kaula, Yu urang indit ka gedong PANGERAN.
2 Ayeuna urang geus di dieu, aya di sisi gapura Yerusalem!
3 Yerusalem kota anu diwangunna ditata endah sagalana sarwa luyu.
4 Nya ieu tempat anu didatangan ku kaom-kaom, kaom-kaom Israil, anu rek ngarucap sukur ka PANGERAN, sakumaha parentah Mantenna.
5 Nya di dieu raja-raja Israil caralikna, ngahakiman rahayatna.
6 Doakeun, Yerusalem sing kerta: "Anu micinta ka anjeun hirupna masing jembar,
7 di jero kuta anjeun sing aman santosa, di jero karaton anjeun masing aya katengtreman."
8 Pikeun kapentingan sanak baraya jeung mitra-mitra kami, kami ngadoakeun Yerusalem, "Anjeun sing kerta santosa!"
9 Pikeun gedong PANGERAN, Allah urang, mugia anjeun sing makmur.