:

Jabur 123

1

Lagu paranti jarah. Abdi tanggah ka Gusti, anu murba di sawarga.

2

Lir gandek gumantung ka juragan pameget, lir lanjang-lanjang, gumantung ka juragan istri, harepan abdi sadaya museur ka Gusti, ngarep-ngarep piwelas, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya.

3

Nun PANGERAN, mugi aya piwelas ka abdi-abdi, wireh parantos kacida teuing dihina-hina,

4

parantos lami teuing dipoyok ku nu jararegud, dihina ku nu garumede.

Link: