:

Jabur 124

1

Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kumaha lamun urang teu diaping ku PANGERAN? Pek jawab, Israil!

2

"Lamun urang teu diaping ku PANGERAN, waktu urang ditarajang musuh,

3

tan wande urang geus diteureuy hirup-hirup, ku maranehna anu sakitu arambekeunana,

4

pinasti urang geus palid kabawa ku caah, tilem-timbul di walungan nu ngagulidag;

5

tinangtu urang geus paraeh tikerebek dina umpalan anu sakitu ngamukna."

6

Puji sukur ka PANGERAN, Mantenna henteu ngantep urang kabasmi ku musuh.

7

Urang bisa luput, cara manuk ucul tina saweuy tukang taheun; saweuyna rantas, urang bebas!

8

Pitulung ka urang datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.

Link: