:

Jabur 125

1

Lagu paranti jarah. Jalma anu percaya ka PANGERAN saibarat Gunung Sion, moal inggeung, moal ngeser.

2

Sakumaha gunung-gunung ngalingkung Yerusalem, kitu keneh PANGERAN ngalingkungan umat-Na, ayeuna jeung salalanggengna.

3

Moal salawasna anu jahat disina terus kawasa di nagri jalma-jalma balener, sabab lamun kitu, anu balener oge bisa kabawakeun jahat.

4

Nun PANGERAN, mugi maparin kasaean ka jalmi anu sae, sareng ka anu ngesto kana parentah Gusti.

5

Nanging upami Gusti ngahukum nu jahat, anu ingkar tina jalan Gusti oge kedah dihukum. Mugia Israil aman santosa.

Link: