:

Jabur 126

1

Lagu paranti jarah. Waktu PANGERAN mulangkeun urang ka Sion, harita mani asa ngimpi!

2

Urang teh bisa seuri, bisa nyanyi, suka bungah! Tina hal urang kitu, kieu ceuk bangsa-bangsa lian, "PANGERAN geus nyieun hal anu hebat pikeun maranehna."

3

Memang, PANGERAN geus ngayakeun hal anu hebat pikeun urang, kacida bungahna urang harita!

4

Nun PANGERAN, mugi abdi-abdi tiasa makmur deui, sapertos walungan saat caian deui dina usum hujan.

5

Mugi anu tadina pepelakan bari ceurik, tiasa mupu hasilna bari suka bungah.

6

Mugi anu tadina indit tebar bari rambisak, warangsulna sing barungah ngahaleuang marawa hasil pepelakanana.

Link: