:

Jabur 127

1

Lagu anggitan Suleman. Mun lain PANGERAN nu ngadegkeun imah, pagawean tukang-tukangna moal aya hasilna. Mun lain PANGERAN nu ngaraksa kota, cumah bae dikawal dikemitan oge.

2

Cumah digawe pohara nyiar kipayah, hudang isuk-isuk, hees kapeutingan, da PANGERAN maparinan ka jalma nu diasih-Na teh waktu jelemana keur sare.

3

Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.

4

Anak lalaki anu lahir waktu bapana ngora keneh, eta lir jamparing anu dicangking ku prajurit.

5

Bagja jalma, anu loba boga jamparing saperti kitu, mun tepung jeung musuh di pangadilan, manehna moal kasoran.

Link: