:

Jabur 128

1

Lagu paranti jarah. Jamuga sakur nu ta’at ka PANGERAN, anu hirupna nurutkeun timbalan Mantenna.

2

Pangasilan maneh baris picukupeun, tangtu senang, moal aya kakurang.

3

Bojo maneh bakal saibarat tangkal anggur anu buahna leubeut di jero imah maneh, anak-anak maneh nu lalaki bakal saibarat tangkal jetun ngora, ngariung meja maneh.

4

Kitu berkah nu baris katarima ku jalma anu ta’at ka PANGERAN.

5

Mugia PANGERAN ngaberkahan ka maneh ti Sion! Mugia maneh dina sapanjang hirup bisa nenjo kamakmuran Yerusalem!

6

Mugia maneh panjang umur, bisa nenjo anak incu! Mugia Israil aman santosa!

Link: