:

Jabur 129

1

Lagu paranti jarah. Israil, caritakeun ka kaula, kumaha dikaniayana andika ti jaman ngora.

2

"Ti jaman kaula ngora, musuh geus nganiaya kaula kacida telengesna, tapi teu bisaeun nundukkeun kaula.

3

Maranehna ngaraheutan tonggong kaula, jarero lir tapak wuluku dina taneuh.

4

Tapi PANGERAN anu sipat adil, geus ngabebaskeun kaula tina perbudakan."

5

Sakur nu geuleuh ka Sion, mangka areleh mundur kateter.

6

Muga maranehna sing cara jukut di suhunan imah, geus garing samemeh jadi,

7

moal aya nu nyumpulkeun, moal aya anu meungkeut atawa mawa.

8

Nu laliwat jajauheun kana ngadoakeun, "Mugi anjeun diberkahan ku PANGERAN! Kitu berkah ti kaula, demi asma PANGERAN."

Link: