:

Jabur 130

1

Lagu paranti jarah. Ti jero jungkrang kabalangsakan abdi jumerit, nun PANGERAN!

2

Dangukeun, nun PANGERAN, dangukeun panyambat abdi neda pitulung!

3

Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana?

4

Nanging da Gusti kersa ngahampura, ku margi kitu abdi-abdi bade tumut ka Gusti kalayan hormat.

5

Kaula kacida ngaharepna kana pitulung PANGERAN, tur percaya kana jangji-Na.

6

Nyongsrongna hate kaula ka PANGERAN, leuwih ti batan ronda peuting ngadago subuh — ti batan ronda peuting ngadago subuh.

7

Israil kudu percaya ka PANGERAN, ku karana satia asih-Na sarta salawasna kersaeun nulungan.

8

Mantenna kersaeun ngajait umat Israil tina sagala dosa-dosana.

Link: