:

Jabur 131

1

Lagu paranti jarah ti Daud. Nun PANGERAN, abdi parantos ampun tina kaadigungan, parantos tobat tina kaangkuhan. Tara urusan sareng perkara arageung atanapi sual-sual anu langkung ti sulit.

2

Sawangsulna parantos ngaraos puas sareng tengtrem. Lir budak leutik anu dipepende ku indungna, nya kitu tengtremna hate abdi dina diri abdi.

3

Israil kudu percaya ka PANGERAN, ayeuna jeung salalanggengna.

Link: