Lagu paranti jarah. Nun PANGERAN, mugi emut ka Daud sareng sagala kasangsaraanana.
2
Mugi emut kana jangjina kapungkur, panadaranana ka Gusti, Nu Maha Kawasa, Allah Yakub:
3
"Kami moal waka ka imah atawa ka enggon,
4
moal waka ngaso atawa mondok,
5
lamun tacan mangnyieunkeun tempat pikeun PANGERAN, hiji gedong pikeun Nu Maha Kawasa, Allah Yakub."
6
Di Betlehem urang geus ngareungeu hal Peti Perjangjian, sarta eta ku urang kapanggih di tegal Yarim.
7
Ceuk urang, "Hayu urang ka gedong PANGERAN, urang ngabakti hareupeun tahta Mantenna."
8
Mangga atuh GUSTI, sumping ka Bait Gusti sareng Peti Perjangjian, lambang kakawasaan Gusti, nun PANGERAN, linggih di dieu salamina.
9
Mugi imam-imam Gusti salamina ngalampahkeun anu bener, mugia umat Gusti sarurak!
10
Gusti ngayakeun perjangjian ka Daud, abdi Gusti, mugi eta raja pilihan Gusti teh ulah ditolak, nun PANGERAN.
11
Gusti parantos sumpah ka Daud, hiji jangji anu ku Gusti hamo dibatalkeun: "Kami baris ngangkat anak maneh saurang, jadi raja, sina marentah sanggeus maneh.
12
Upama anak-anak maneh gumati kana perjangjian Kami, jeung kana parentah-parentah nu ku Kami diparentahkeun, anak-anak maranehna oge salawasna bakal jaradi raja ngaganti maneh."
13
PANGERAN geus milih Sion, geusan jadi panglinggihana-Na:
14
"Nya di dieu Kami rek matuh salawasna, nya di dieu tempat Kami marentah.
15
Sion sina lubak-libuk, sagala kaperluanana rek dicukup, pakir miskinna sina sareubeuh dahar.
16
Imam-imamna rek diberkahan dina sagala gawena, umatna disina nyaranyi jeung surak.
17
Di dieu Kami rek ngangkat saurang ti turunan Daud, sina jadi raja gede, sarta pamarentahanana rek disina langgeng.