:

Jabur 133

1

Lagu paranti jarah ti Daud. Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!

2

Saibarat minyak pangistrenan anu mahal nyakclak tina mastaka jeung rumbah Harun, terus mapay kana beuheung jubahna.

3

Ibarat ciibun ti Gunung Hermon, anu murubut ka pasir Sion. Nya di dinya PANGERAN ngajangjikeun berkah-Na, nya eta hirup nu moal aya tungtungna.

Link: