:

Jabur 134

1

Lagu paranti jarah. Hiap urang muji ka PANGERAN, he para abdi-Na, he anu garawe peuting di Bait Allah!

2

Tadahkeun leungeun ka tempat anu suci, bari paruji PANGERAN!

3

Mugia PANGERAN, anu ngadamel langit jeung bumi, ngaberkahan aranjeun ti Sion.

Link: